Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/8

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

anoe pikeun djadi aling-alingna, ngan oenggal kira-kira sapanjeloek diajaan papanggoengan tiloe-tiloe oempak, paranti anoe ngadjaga, sarta dina oenggal djoeroe pada djoeroe panghapit bénténg bata téa, diajaan mariem digolérkeun dina taneuh atawa maké roda. Aja tiloe katja-katjana kai, lawang ka kota, teu make panto tara dipeudeutan, tapi didjaga koe pradjoerit anoe santosa pisan, sarta atoeranana ditata tepi hésé moesoeh anoe arék nempoeh dajeuh.

Dina palebah waloengan atawa solokan anoe ngotjor ka kota, nja ti girangna nja ti hilirna direumpeuk koe awi tohaga pisan.

Ti Katja-katja anoe tiloe téa, nja éta katja-katja laoet, katja-katja darat, djeung katja-katja goenoeng, aja djalan anoe bras ka aloen-aloen.

Sakidoeleun aloen-aloen nja karaton Kangdjeng Soeltan, anoe didjieunna koe kai, ari masdjid mah djeung Boemina Mangkoe Boemi témbok. Di sawétaneun aloen-aloen aja goedang pakarang ngadjegir sagedé nanahaon, ari sakoeloneunana nja masdjid dikenténg, radjeg tihang-tihangna kai tjandana woengkoel, bilikna témbok dihias koe roepa-roepa poslén. Di sawétaneun kota aja masdjid leutik deukeut basisir.

Waloengan anoe ngaliwat ka dajeuh, djerona tiloe kaki tjaina tjameubleu, di- paké pamitjeunan roentah-roentah, djeung kokotor ti pakampoengan anoe dareukeut ka dinja, sakalian djeung paragi mandi, awéwé lalaki broeg baé di dinja.

Ari oerang Sabrang, saperti oerang Malajoe, Persi, Birma, Toerki, Arab, Habesi, dj. s. t. tjaritjingna di toeroet basisir. Patjinan perenahna di sakoeloneun dajeuh, dipager ti daratna, dikoerilingan koe rawa minangka pangdjaga bisi aja anoe arék mergasa ka maranéhanana. Bangsa Portegis ogé nja kitoe deui ka-béhdieunakeun bangsa Walanda djeung Inggris, nja di Patjinan téa deui ngalandjrekna.

Banten teh Kota Palaboean Hindia anoe pang mimitina, djadi panoendaan saniskara hasil boemi, anoe diliarkeun ka sakoeliah nagara. Oenggal poé di pasarna ramé lain dikieuna, nojék djelema anoe daragang anoe ngabarodjong kahasilan, moengpoeng koempoel soedagar sagala bangsa anoe ngahadja ngaradon balandja djeung ngadon daragang.

Karaméan kaagréngan djeung kahégaran pasar Banten harita, anoe ditjarioskeun koe Toean Harthoorn dina boekoena, soeroep loejoe ninggang pisan kana bangbalikanana Banten ajeuna, tjombrék tiiseun sepi réhé djempé, djelema pating arentang, lemboer dikoekoedoeng aloem ngoeloewoet atina djoewet, tarikolot inget ka alam ka toekang. Ari koe kitoe tea mah, atoeh da boeboehan doenja, nja tangtoe aja pasang soeroedna. Banten ogé nja kitoe ilahar oenggal nagara, aja waktoe noedjoe poendjoel, loehoeng dina oesoem agoeng, ana datang mangsana tigerat, nintjak babahan katiga, dirandapan nista hina, nja teu bisa koemaha, tanda doenja henteu lana.

Kitoe ringkesna.

Karaton anoe ajana sakidoeleun aloen-aloen téa, diseboetna Kota Inten, diadegkeunana koe Soeltan Hadji.

Ari karaton Soeltan-Ageng dina boelan December taoen 1605 kahoeroean sabagian, djeung dina taoen 1607, moesna pisan koe seuneu kénéh.

Dina taoen 1680 basa taroeng Soeltan Ageng djeung Soeltan Hadji, karaton noe ngaranna Soerasoan, roeksak, tapi toeloej diadegkeun deui ngabangoen bénténg, nja koe bangsa Walanda disareboet „Fort Diamant” (Kota Inten). Lilana didjieunna 2 taoen ti taoen 1680 n.k. taoen 1681.

Anoe njieun ieu karaton, ngaranna Hendrik Laurens zoon van Steenwijk (koe toean Valentijn ditambahan ngaran Cardeel) anoe nelahna Wiragoena, tadina tjeuk sakaol, oeroet matros tjeuk sakaol deui oeroet toekang témbok Koempeni anoe biloek ka Soeltan teroes asoep Islam.

Oepatma ajeuna oerang datang ka Banten, tangtoe ningal doea tjaringin koeroeng, anoe kantoen, ngaroenggoenoek di tengah-tengah noe bala, tilas tjiri lawang ka karaton. Pasésaan-pasésaan oeroet bahan djeung dangdanan adegan baheula téa, nja araja kénéh, ngan édas tempatna koe balana, bangga disorangna. Oepama oerang hajang tétéla kana patempatan

24