Lompat ke isi

Kaca:Poesaka Soenda 1922-08-1(02).pdf/11

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Tjoendoek badjoena ti timoer,
    dongkap atmana ti hilir,
    kengingna lantang ti pasar,
    beunang ngadjak samamargi,
    nja kénging ngandung iboena,
    ti kang rama awit nittis.
  2. Kawitan ti asal enoer,
    moelana asal ngadjadi,
    saboelan sang koempa herang,
    doea boelan koempa hening,
    tiloe boelan goeloeng rasa,
    opat sasih toeroen rohid.
  3. Lima sasih emboet-emboet,
    genep sasih bisa malik,
    toedjoeh sasih roh ka doea,
    dalapan sasih wahdati,
    ka salapan oedjang medal,
    nya soemping ka alam lahir.
  4. Loengsoer ti marga rahajoe,
    nja soemping ka margi boemi,
    soeméar di alam padang,
    soeka rama iboe nini,
    deudeuh djaja karantenan,
    pameget di kolong langit.
  5. Nangtoeng dina koewoeng-koewoeng,
    mipir-mipir katoembiri,
    njoekang dina tédja mentrang,
    njélékét di kilat tatit,
    pangawak hédjo tjaroelang,
    watek kaimpoengan wargi.
  6. Njekel di palias djoekoet,
    masing titih soegih moekti,
    mangka loeas beurat beunghar,
    loba doeit boentjir leuit,
    soegih keton réa ketan,
    salira djadian siwi.
  7. Seuweu ratoe kedah toemoet,
    putra mantri kedah tilik,
    nu agoeng linggih di radja,
    noe éndah lebah di goesti,
    dilingkoeng para djoewita,
    dibanding pra widadari.
  8. Goeroe ratoe koedoe toemoet,
    para wali noe ti gigir,
    iboe ramana ti tengah,
    ti poengkoereun sanak wargi,
    ti loehoer pra malaikat,
    noe ngabagikeun redjeki.
  9. Poeter koeroeng ti pangamboeng,
    boeloe bitis kawas pitjis,
    tapak djalak dina létah,
    radja kalang dina pipi,
    radjah wahana didada,
    satria djalantir koening.
  10. Noe nilik sakabéh woedjoeng,
    noe ningal sadaja asih,
    ngembeng pandjang boeboedina,
    noe loenggoeh mindag ti peuting,
    oelat manis ngembang méntjrang,
    midang siang anom sigit.
  11. Sinom

  12. Sekar bingbin langarian,
    sekar kalapa tjinoegi,
    sekar pinang di majangna,
    soekoer kamanjangan teuing,
    disawér koe béas koening,
    béas beureum anoe hoeroeng,
    koeningna kawas tédja,
    ditingalna langkoeng resmi,
    ngagoerilap hérang mani siga emas.
  13. Nabi Joesoep noe madjengan,
    disanding koe nabi Idris,
    digenggem koe Rosoeloellah,
    moeroeb sakoeriling diri,
    Nabi kabéh noe ngaraping,
    loenggoehna dina rahaju,
    djajana kamanoesaan,
    tjalik di sanggiang sakti,
    malaikat sadajana noe ngadjaga.
  14. Koe Djabrail disandingan,
    djeung malaikat Minkail,
    Isropil nja kitoe pisan,
    ngaraksa sakoejoer djisim,
    nitipkeun beurang peuting,
    ka sadaja noe kadeboet,
    kabéh para olia,
    sinareng ka para wali,
    moega nganti sampoerna doenja achérat.
27