Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/32

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

sanadjan oerang njaho jen saenjana eta teh henteu bener pisan, ari tjeuk elmoe atikan mah; tapi lantaran ngingetkeun kaperloean, sarta tjeuk saajeuna mah koedoe kitoe, oerang teh kapaksa koedoe narima. Tapi sanadjan oerang narima kana kitoe oge, ari basa priboemi mah hajang oelah diapi-lainkeun teuing, nja eta tina terang pigaweeunana tea. Soemawonten ningal boekti ajeuna-ajeuna ieu mah, moerid kaloearan. H. I. S. geus teu rewak sapertos opat lima tahoen kapengker, beuki katingal perloena di H. I. S. kedah rada ngadjenan basa priboemi langkoeng ti anoe parantos-parantos teh. Tapi lain pisan koering boga pamenta pangadjaran basa Walanda dikoerangan mah, da eta oge perloe. Djadi panoehoen teh hajang basa Walanda matak bisa, basa priboemi oelah kaloeli-loeli. Ana ngan tabah basa Walanda woengkoel, tjoel basa asalna, atoeh oerang Soenda anoe rea kaleungitan palajangan. Da meureun ana ngan bisa basa Walanda bae mah, njaritana ngan ka Walanda (anoe pada bisa basa Walanda deui), koeroeng-koerangna ngan koe basa Walanda, anoe beunang ngala ti Walanda ngan oekoer tepi ka salirana, moal bisa ngotjor ka bangsana. Naon kabageanana ari djelema rea ti andjeunna anoe boga hak koedoe nampa tea deui? Mangkaning anoe rea tea anoe perloe moeloengan elmoe ti anoe ariasa basa Walanda teh, da batoer mah teu kabagean pertegesna.

Koe margi eta, moerid H. I. S. anoe bakal djadi bibit panoengtoen bangsa, emoetan koering langkoeng ti pereloe diwadjib-keun bisa kana basana deui, lian ti basa Walanda teh, soepaja engke di mana datang ka, sakola anoe langkoeng loehoer, ngan kari ngasakkeun, henteu koedoe ngabakalan deui.

Tangtos pisan loehoerna sareng atoeranana pangadjaran basa Soenda di H. I. S. teh, moal tiasa disamikeun pisan sareng di sakola klas II, da ari H. I. S. mah sakola tjalon sakola deui.

Nilik kaajaan ajeuna, tebih naker tina pangharepan, da moerid H. I. S. teh ngan oekoer tepi kana diadjarna. Bisa henteuna mah henteu djadi oedagan. Boektina nadjan goreng basa Soenda, ari aloes basa Walandana mah teu matak djadi tjarita, sawangsoelna anoe madjoe basa priboemina, ari koerang pertegesna mah oelah boga pangharepan hajang naek kelas.

Geura mangga manah, koemaha teu matak bingoeng ka anoe djadi goeroena, sareng koemaha bade diadjenanana basa priboemi teh koe moerid?

Ningal waktoe ngadjarkeunana sakitoe saeutikna,, di kelas 5 dina saminggoe 5 djam, di kelas 6 saminggoe 4 djam, di kelas 7 mah komo ngan sadjam pisan saminggoena, ieu teh matja, ngarang, pangadjaran basa, sareng samaktana.

Pantes pisan rek henteu aja njangsangna teh di moerid, da teu kaoer napel balas laas koe kaanginkeun.

Djisim koering doea welas taoen, lamina djadi goeroe basa di sakola menak sarta ajeuna ngabantoe djadi goeroe di Kweekschool, terang leres di pangarti moerid kaloearan H. I. S. tina perkawis basa, sarta lantaran tadi samemehna salamina djadi goeroe di sakola klas I, djadi tiasa nangenan koemaha bentenna, sareng sakoemaha moendoerna beubeunangan baroedak ti eta doea roepa sakola, tina hal basa, baheula sareng ajeuna.

Nanging teu tiasa njalahkeun ka boedakna teu tiasa nempoehkeun ka goeroena, da poegoeh salahna teh aja dina atoeran. Koe margi eta teu aja sanes ngan atoeran anoe kedah disaean.

Di H. I. S. oge pangadjaran basa teh meh teu katalingakeun. Doegi ka aja anoe dina lebet 10 taoen ngan kakara dipariksa (diinspektie) doea kali, nintjak lima taoen sakali. Oepami oerang hade rea omong, meureun hajang njaho di sababna: Naha pang tara dipariksa teh bawaning koe pertjaja ka goeroena, atawa bawaning koe diapi-lainkeun tea!

Anoe djadi goeroe basa priboemi di H.I. S. (le Inl. Ond.) aja anoe njarita kieu ka koering: ,,Kabita, ari ningal goeroe Walanda diinspektie koe Inspektoerna, reh lian ti kaoeninga beubeunangan digawe teh, eta koe djeung meunang jetding" deui. Na ari ninggang di bagian basa priboemi, eukeur teu bisa meunang

90