Lompat ke isi

Kaca:Poesaka Soenda 1924-(10-12)-3(04).pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

basa moerid anoe lian ti éta, nja anoe sok dihaleuangkeun di hareupeun kelas, anoe matak ngoerangan kana pangadjaran basa. Geura dangoekeun ari moerid keur nerangkeun soealan, atawa keur ngitoeng angka koe lisan. Apan ngawih sanés ngomong. Dimana engké baris kapakéna ,,,, kitoe téh?

Pok-pokanana ogé, teu aja di lemboer mah anoe kitoe téh.

Naon margina?

Babakoena, éta anoe ngomong asa ngomong ka sakola, njarita djeung lalangit, lain djeung batoerna lain djeung goeroena, da ana njanghareupan ka goeroe mah dadak sakala robah lagoe robah ketjap ogé béda deui ti tadi. Ari tadi ka saha njaritana?

Engké ari geus kaloear ti sakola, anoe baris dipaké téh tjarita djeung anoe poegoeh djirimna, djongok djeung pada djelema, da ari keur madep ka awang-awang ka oengkoel koe lamoen mah teu aja noe nganjahoankeun, masih rék ngaleu ngalengis ogé.

Djadi di sakola ogé koedoe basa pakéeun .... ambéh teu moebah natamboeh waktoe.

Méngkolkeunana tina kawih kana tjarita taja deui ngan moerid koedoe poegoeh nja njanghareup, goeroe tangtoe nja padoemoekan. Naha goeroe téh bapa moerid, gaganti kolot di imahna? atoeh lagoe, basa djeung pamolahna ogé koedoe tjara ka kolotna téa. Atawa naha goeroe téh minangka ménak, tjara somah ka wadana dina ... distrik? Ieu sok moen tangtoe, koemaha salira goeroe.

Tina bingoengna boedak, saenjana éta ... sakola téh medalna. Lamoen poegoeh padoemoekan mah moeal kitoe. Dina rasana njarita ka bapa, lain; ka batoer, lain; ka ménak, lain; nja toengtoengna madep ka lalangit, da ari di boemi goeroe mah henteu kitoe. Lagoe sakola moal leungit koe panjarék, tapi koedoe koe pangakoe goeroe pileungiteunana.

Basa noe mana noe koedoe diadjarkeun di sakola.

Basa anoe koedoe diadjarkeun téh, basa anoe baris dipaké, basa pakéeun saréréa, nja éta basa Soenda.

Ari kapakéna basa téh: 1 keur njarita djeung ngahartikeun (nampa) omongan batur sa Soenda, boh tina lisan boh tina toelisan:

Djadi lamoen teu bakal digoenakeun ka dinja mah teu aja perloena diadjarkeun ari di sakola handap mah. Di sakola loehoer tangtoe leuwih ti sakitoe.

Ajeuna nepi ka aja basa sakola, lagoe sakola anoe teu ara dipaké di loear lian ti di sakola. Éta éstoe ngaroegikeun na tamboeh waktoe teu poegoeh, pangadjaran anoe moebah pisan. Da ana kaloear baé ti sakola, tjoel ditinggalkeun dina bangkoe, radjeun ka bawa matak ngaroeksak noe aja. Basa sakola noe djadi lain koe pangadjaran, éta mah tangtoe teu koedoe di perangan da teu pati aja matakna anoe ngaroegikeun, moenggoeh oenggal koemboehan sok boga basa tjadangan.

Geura dangoekeun moerid ari keur nerangkeun ka goeroe, ngadjawab pananja, matja, atawa naon baé.

Tangtoe koe oerang kadangoe aja anoe ngaleu ngawih kieu:

1. Huidjui endog harganaaa tiloe seeeeen.

Djadui doea endoog hargaana doeaa kalui tiloe seeeen sami sareng genep seeeeen.

“Ganti!” Saoer Djoeragan goeroe.

2. ieueu anoe ditjepeng koe abdii pesoo. Ieu pesooo ti i keel. Ieu gaga a angnaaa, Ieu tonggongnaaa. Ieu peso seukeut. Ieu pesooo koe abdi disoehoeoeoeoen

Sareng saladjengna.

Tah, di mana éta aleu kitoe, basa kitoe téh kaanggona? Naha henteu sina njarita tjara ka bapana baé sangkan hiroep atina, da dina keur ngaleu kitoe mah kapan éta boedak téh ngalamoen.

Eukeur mah salah methodena, éta peta kitoe téh, toeroeg-toeroeg salah larapna, djadi teu ngalér teu ngidoel, moebah téa ngaranna.

Waktoe moerid kakara asoep, tangtoe kana basa Soenda atjan biasa, ari kanjahona ngan kana basa désana, nja éta sélér basa Soenda téa, komo di sakola désa mah.

93