Lompat ke isi

Kaca:Polemik Undak Usuk Basa.djvu/16

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Pasal 36:
Bahasa Negara ialah bahasa Indonesia.
Penjelasan:
Telah jelas.

Di daerah-daerah yang mempunyai bahasa sendiri yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik (misalnya bahasa Jawa, Sunda, Madura dan sebagainya) bahasa-bahasa jitu akan dihormati dan dipelihara juga oleh negara. Bahasa-bahasa itu pun merupakan sebagian dari kebudayaan Indonesia yang hidup

Sakumaha biasana undang-undang dasar (konstitusi), eta pasal-pasal teh ngan ukur ngeunaan soal pokona. Tapi lamun urang inget yen rarancang undang-undang dasar nagara urang teh disusunna keur mangsa harengheng dina rek lekasanana Perang Dunya Kadua, waktu Balatentara Jepang masih keneh ngawasa Indonesia, sedengkeun tentara sekutu geus rek nyerbu, urang kudu ngarasa reueus bari nganuhunkeun ka para Bapa nu ngadegkeun nagara urang. Dina kaayaan sarupa kitu, bisa keneh mikir ku ati nu wening nepi ka bisa ngarumuskeun dasar-dasar nagara anu nepi ka kiwari lain bae karasa tetep aktual, tapi oge mere tujuan keur ngabina bangsa urang saterusna. Ditambah ku Lambang Nagara "Bhinneka Tunggal Ika,” para Bapa nu ngadegkeun nagara urang teh, geus mere hiji dadasar nu tohaga sarta lengkep.

Ku kituna, nepi ka kiwari tacan aya nu manggihan kakuranganana eta pasal anu dua. Anu jadi masalah mah kumaha narjamahkeunana eta pasal-pasal tea kana lengkah-lengkah operasional. Upamana dina ngabina jeung ngamekarkeun basa, timbul masalah ngeunaan peranan basa daerah nu di sawatara daerah digunakeun jadi basa panganteur di Sakola Dasar nepi ka kelas IV [ilikan Rumusan Sidang Pleno Praseminar Politik Bahasa Nasional, 1974 dina Ajip Rosidi, 1983:139-140), atawa ngeunaan ngamangpaatkeun basa daerah dina administrasi pamarentahan tingkat handap (Abud Prawirasumantri, 1974).

Sanajan dina eta pasal nu dua teh ngan disebut ngeunaan "Kabudayaan Nasional Indonesia” jeung ”Bahasa Indonesia,” tapi ari dina penjelasan- penjelasanana mah eces pisan ayana kapastian kalungguhan jeung pangakuan kana basa jeung kabudayaan daerah teh.

Penjelasan Pasal 36; tandes pisan netelakeun yen: ”Di daerah-daerah yang mempunyai bahasa sendiri yang dipelihara oleh rakyatnya dengan baik-baik.....bahasa-bahasa itu akan dihormati dan dipelihara juga oleh negara.”

Eta teh mangrupa jangji ti nu ngaradegkeun bangsa jeung nagara urang, nu kudu diestokeun jeung dilaksanakeun ku unggal pamarentah anu tetep nyekel jeung ngukuhan UUD 1945. Penjelasan saterusna nyebutkeun:

"Bahasa-bahasa itu (maksudna basa-basa daerah tea, AR.) "pun merupakan sebagian dari kebudayaan Indonesia yang hidup”. Ngeunaan kabudayan, Pasal 32 kalawan tandes nyebutkeun: "Pemerintah memajukan kebudayan Indonesia.”Penjelasanana nyebutkeun: ”Kebudayaan lama dan asli terdapat sebagai puncak-puncak kebudayaan di daerah-daerah di seluruh Indonesia. terhitung sebagai kebudayaan bangsa.”

16