Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/25

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Musaen meuncit hayam kabiri dua, soang hiji jeung meuli daging sapi tilu kati, tuluy diasakan, aya nu diopor, digoreng, dipanggang, daging sapi dijieun parekedel jeung rea-rea deui. Sanggeus arasak, brak dalahar jeung sobat-sobatna, ari geus dalahar, brak ngaropi jeung rupa-rupa kueh, barang kahakan geus ledis, jol Karama datang ka imah Musaen.

 Ceuk Musaen, "Euleuh! euleuh! emang, kurang cikeneh teh, kuring mah entas balakecrakan, tah jeung sobat-sobat, jig ka ditu ka pawon sugan aya keneh."

 Tuluy Karama ka dapur nyampeurkeun pamajikan Musaen, barang jol, pokna, "Mana emang kabagean keneh?"

 Wangsulna, "Hih emang mah bengkok tikoro atuh ledis pisan."


8. BOGA PIKIR KAPING BURI
Kaping = kadua, buri = pandeuri = tukang.

 Hartina: datangna pikiran hayang teh, pandeuri.

 Hiji tangkulak kuda, datang ka buruan bapa Salmin, mawa dua dagangan kuda hideung, ti dinya pek ditawarkeun, ari wangsul bapa Salmin, "Kaula moal meuli, da geus boga."

 Ti dinya tangkulak teh indit bari tuluy ngider, teu sabaraha lilana, eta kuda payu saratus ringgit.

 Sanggeus tangkulak indit tea, bapa Salmin boga pikir kieu, "Lamun eta kuda ku aing dibeuli, sarta pek dijual deui, moal burung mahal." Sanggeus mikir kitu, geuwat manehna indit nyusul tangkulak tea, barang gok papanggih, pok ditanyakeun omongna, "Kamana kuda teh?"

 Wangsulna, "Parantos dijual saratus ringgit."

 Bapa Salmin nepakan dadana, pokna, "Hanjakal."

 Ceuk tangkulak, "Naha atuh tadi ceuk anjeun moal ngagaleuh."

11