Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/26

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Bapa Salmin, "Puguh nyaeta boga pikir kaping buri."

9. BURUK-BURUK PAPAN JATI

 Hartina : sagoreng-gorengna oge ka baraya kudu bae aya karunyana.

 Sura huruhah-harehoh, datang ka Sarya semu reuwas, pokna, "Ya Allah, dewek wani ngadegdeg reuwas."

 Sarya, "Na ku naon?"

 Sura, "Bieu Si Panen rek pada nareunggeulan ku urang Cilame, wani sagegendirna-sagegendirna, hadena bae aya pamanna, lurah pareman jeung dulurna misan Ki Odon ngaliwat, atuh geuwat diburu, ditulungan."

 Sarya, "Wah moal enya, kapan lurah pareman jeung Odon ngarewaeun ka Si Panen, da jelemana goreng teuing, geura kapan pamajikan lurah, geus diteunggeulan, anakna direbut totopongna ku manehna; Odon geus dipaling mundingna, moal enya nulungan."

 Sura, "Hih kitu tea mah da ka baraya, buruk-buruk papan jati, kudu bae aya karunyana."

10. BUNGBULANG TUNDA
Bangbulang, ngaran kai leuweung.

 Hartina: nu dititah, sok nitah deui ka nu sejen (tunda talatah).

 Encim jeung Ambar, bubujang di Jagasatru; dina hiji mangsa, Encim dipiwarang ku juraganana, nganteurkeun nangka ka sobatna, ceuk Jagasatru :

 "Encim, ieu nangka anteurkeun ka juragan Kaliwon."

12