Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/27

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

 Encim tuluy nampanan, bari indit, ari nepi ka pawon, gero-gero ka Ambar, pokna, "Ambar, ieu nangka bawa ka juragan Kaliwon, saur juragan."

 Sanggeus Ambar indit, Encim tuluy ulin, kitu bae unggal-unggal dititah.

 Eta kalakuan Encim kitu, kanyahoan ku juraganana, tuluy dicalukan, ceuk Jagasatru, "Encim maneh ulah sakali-kali deui, lamun dititah ku aing, ulah sok nitah deui nu sejen, sabab aing mah teu resep ka jelema bungbulang tunda."

11. BUAH ATI

 Hartina : kanyaah.  Sapen boga anak lalaki hiji, ngaranna Uen, teuing ku bageur, tara bohong, tara melencing, tara heureuy; balik ti sakola ngaji, lamun geus ngaji, ngapalkeun atawa digawe ngalampahkeun parentah guruna.

 Jadi Uen dipikanyaah pisan, ku guruna jeung ku kolotna.

 Lila-lila kaluar ti sakolana, sarta tuluy dijadikeun juru tulis di sejen tempat; samemehna indit, Sapen ngomongan, pokna, "Ujang! tuluykeun katemenan maneh, kabageuran maneh, ari satadina ama teh embung pisah jeung buah ati, tapi ayeuna mah dikumahakeun, didoakeun bae ku ama sing salamet."

12. BEUREUM PANEUREUY

 Hartina :sarua bae jeung seuseut batan neureuy keueus (seuseut seuat) = hese pisan; keueus = cau leuweung = cau kole.

13