Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/28

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
13. BEURAT NYUHUN, BEURAT NANGGUNG, BEURAT NARIMAKEUN INYA

 Hartina : kacida tarimana.

 Bibi Armu indit ka pasar rek balanja, ari anakna nu umur dua taun leuwih, diasuh ku dulurna awewe ngaran Misem, ma'lum adat barudak, lamun ngasuh sok campur jeung heureuy, budak nu diasuh mah cul bae henteu diriksa.

 Sabot Misem heureuy jeung baturna awewe, budak asuhanana, dibawa ku ujang Saleh ti cai, geus jalibreg sarta ceurik, sabab eta budak, lamun teu kaburu kahontal ku Ujang Saleh, tangtu palid.

 Teu lila datang bibi Armu ti pasar, barang nyahoeun budakna rek palid, sarta geus ditulungan ku ujang Saleh, geuwat ujang diala pokna, “Ujang bibi teh beurat nyuhun, beurat nanggung, beurat narimakeun inya,"

14. DAGANG PEDA KA CIREBON

 Baheula dagangan peda jolna ti Cirebon sarta didinya leuwih murah manan di sejen-sejen tempat di Priangan.

 Hartina : dagang barang ka enggonna nyieun, nya moal sakumaha larisna (untungna).

 Saad ngamodal Rp 2,50, eta duit ku manehna dibeulikeun kana daging munding, tuluy dikere jadi 160 gebleg, dina sagebleg hargana sabenggol, sanggeus dibungbuan, pek dipoe dina hateup imahna, ari geus tuhur tuluy didagangkeun; mimitina didagangkeunana, ka Bapa Ismal jagal munding, pokna, "Sugan rek ngagaraleuh kere munding nun."

 Bapa Ismal, "Moal di dieu mah loba,"

 Ti dinya tuluy deui ka ambu Sarti, tukang kere, pokna, "Moal ngagaleuh kere nun."

 Ambu Sarti, "Sabaraha sakeureutna?"

14