Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/30

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

16. DIHEULANG (DIJIEUN KA ANAK HAYAM)

Hartina dipaling, saperti heulang nyamber anak hayam.

Bapa Sargu indit ti imahna ngadeuheusan Wadana, barang datang tuluy dipariksa saurna, "Aya naon maneh rurusuhan?"

Bapa Sargu, "Nu mawi jisim kuring ngadeuheus, sumeja nyuhunkeun pitulung, nya eta pun anak parawan, ayeuna parantos dibantun ku pisalakieunana ngaran Arnawi ka Jogja, henteu bebeja heula ka jisim kuring.

Wadana, "Eta anak maneh dipaksa, atawa sukaeun, milu jeung Arnawi?"

Bapa Sargu, "Duka gamparan, suka teu sukana mah, ngan hayang ditepangkeun heula bae sareng pun anak, ari parantos mah, dibawa ka mamana oge teu sawios, ku perkawis kitu, sadaya-daya teu hilap gamparan, abdi teh a sa diheulang, dijieun ka anak hayam".

17. DIHIN PINASTI, ANYAR PINANGGIH

Dihin = heubeul, heula.

Hartina: geus pasti ti baretona, ngan kapanggihna ayeuna.

Nyi Santi geus sapoe sapeuting nyegruk bae ceurik, nyeungceurikan salakina kageleng dokar, datang ka potong sukuna.

Sabot Nyi Santi ceurik, datang bapa Janggot ngubaran salakina, bari tuluy ngomongan Nyi Santi, pokna, "Meugeus, Nyai montong diceungceurikan, da moal burung cageur deui, jeung kudu legakeun pipikiran, ulah aral, pedah salaki katarajang cilaka, kapan aya paribasa dihin pinasti anyar pinanggih, hartina ieu tuang raka teh, geus ditangtukeun ti bareto, bakal kageleng dokar, ngan kapanggihna ayeuna."




16

16