Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/31

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

18. DIKALI CACINGKEUN

Hartina : dihantem digemetan dikorehan.

Sajim ngomong ka Dita, pokna, "Dita, bejana rampog di Pasirkaliki teh beunang, geuning Si Gebong; baturna sapuluh."

Dita, "Saha luluguna?"

Sajim, "Kapan nya eta si Gebong, rasa dewek, eta nu pangbeuratna hukuman, malah dipariksana oge, pangmindengna, wani digemetan tea mariksana, estu dihantem dikali cacingkeun."


19. DEDENGE TARA

Tara asalna tina torek; aya deui nu nyebut tarak = lentah.

Hartina : beja tacan sidik pisan geus dicaritakeun deui (nyaritakeun beja nu tacan sidik).

Si Duyeh keur waktu ulin di sisi jalan, lar aya nu ngalaliwat di jalan gede. Ceuk nu ngaliwat ka baturna, "Kumaha euy, tulus poe isuk, ngaleunggeuhna bapa Iram teh?"

Wangsulna, "Atuh puguh bae, da tadi barudak nu rek sunatan oge ngarembang, engke sore nayub."

Demi kadengena ku Si Duyeh, pamanna ngaran Asram, geuwat manehna balik, bebeja ka emana pokna, "Ema naha geus nyambungan ka emang Asram?"

Carek indungna, "Naha sia meunang beja ti mana?"

Duyeh, "Bieu ti nu ngaliwat, mangke oge sore nayub, da barudakna ge geus ngarembang, malah meuncit mundingna ge tadi."

Indung, "Wah sageuy aing teu dibejaan, mana kitu oge nu sejen deui bae, sia mah dedenge tara."

17