20. DOSA SALAPUT HULU
Hartina : loba dosa (rea kaluputan).
Ceuk Wiraja ka kiai, "Nun kiai, pang jisim kuring dumeu- heus ka ajengan, sumeja nyuhunkeun dibersihan diri."
Kiai, "Naha ku naon maneh menta dibersihan diri?"
Wangsulna, "Nu mawi nyuhunkeun dibersihan, tina rumaos seueur teuing dosa, sapertos kuring teh resep maling, ngadu, lacur, jail sareng rea-rea deui, ku margi eta, sadaya-daya hayang bersih diri, tina rumaos dosa salaput hulu. "
21. DUUM TINGGI
Tinggi = di dieu undak-undak.
Hartina: nu ngabagikeun naon-naon sok rea sawareh atawa alus sawareh.
Itas bebeja hariweusweus ka bapana Si Tuja, pokna, "Emang, ayeuna Si Tuja keur ceurik, di kebon kuring."
Bapa, "Naha ku naon?"
Itas, "Eta poe ieu, juragan lurah ngabagi papakean ka bujang-bujangna, ari ka Si Toli, Si Pajar, Si Amen mah aralus, demi Si Tuja jeung Si Tawat garoreng."
Bapa, "Hih atuh meureun bae ari kitu mah, kapan bujang sarua bujang, naha dibedakeun, atuh eta mah du um tinggi."
22. JADI SENEN KALEMEKAN
Kalemekan tina lemek = ngomong.