Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/34

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

24. JIGA TUNGGUL KAHURU

Hartina : goreng patut tur malarat, euweuh kakuatan.

Ambu Bonem wani geus kuru, tina dihantem teuing dititahan jeung sok dicarekan, ku anakna jeung minantuna.

Hiji waktu Ambu Bonem mentas dicarekan, ku anakna, datang ka ua Irah dulurna misan, bari ceurik.

Ceuk ua Irah, "Ku naon ambu Bonem ceurik?"

Wangsulna, "Lah akang, kuring unggal-unggal poe ngan dicarekan bae ku barudak."

Ua Irah ngambek, tuluy indit nyampeurkeun Si Bonem, pokna, "Barudak, alus kacida adat maneh, nepi ka kolot sok dicarekan unggal-unggal poe, deuleu ulah karitu ka kolot teu hade, ari ka kolot tea, masih jiga tunggul ka huru oge, kudu dihormat."

25. JELEMA SATENGAH BUAH LEUNCA

Hartina : jelema rada gelo.

Si Unggeu dina unggal-unggal riungan, sok pada ngaheureuykeun bae, nya kitu deui manehna, resepeun pisan dikitukeun teh.

Saleh ngomong ka lanceukna pokna, "Aka, naha ari Si Unggeu dina unggal-unggal riungan, ngan pada ngaheureuyan bae, jeung eta manehna, kawas suka-suka teuing sakitu dihina teh, na urang mana?"

Jawab kakana, "Eta urang Pasirnangka, meureun bae pada ngaheureuykeun oge da jelema satengah buah leunca."

20