Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/35

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

26. ELMU AJUG

Ajug = wadah palita (cempor)

Hartina : ka batur bisa mamatahan, ari manehna henteu bisa ngajalankeun.

Sarpana lamun keur mapatahan ka batur, beres pisan pokpokanana, naon-naon dieces-eceskeun.

Pareng dina hiji mangsa, ka semahan kawawuhanana ngaran Juhri barang datang tuluy ditanya ku Sarpana, pokna, "Juhri kana naon silaing nya kasab?"

Wangsulna, "Teu kana naon-naon, ayeuna mah cicing bae di imah."

Sarpana, "Hih ulah kitu, ari jelema kudu boga pakasaban, geura ayeuna mah anggur dagang-dagang barang, tapi kudu bisa pisan naksirna harga barang, upama barang nu kieu rupana, kudu sakitu dibeulina, sakieu ngajualna, lamun teu kitu lapur pingges.

Kitu deui silaing upama rek tani (nyawah), ronda heula, ti mana picaieunana jeung kudu digemuk, maculna sing jero, sanggeus anggeus macul atawa tandur, kudu dironda, bisi kakurangan cai, geura pek lampahkeun tangtu untung."

Ti dinya Juhri balik, ari datang ka imahna cacarita ka bapana, omongna, "Pa kuring lamun nyawah, atawa dagang, nurutkeunpapatah Sarpana, tangtu untung.

Ceuk bapana, "Wah si eta mah puguh ge kitu, ari papatah ka batur bisa, kudu kieu - kudu kitu, tapi ari manehna sorangan, henteu berekeun, jelemana elmu ajug."


27. ENDOG MAPATAHAN HAYAM

Hartina: budak mapatahan kolot (nu kurang luang mapatahan nu loba kanyaho).

Keur waktu Bapa Ajir ngali taneuh saputer tangkal jerukna,

21