Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/36

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

nya eta karepna rek digemuk, datang anakna lalaki kira umur 7 taun, pokna, "Bapa meugeus eta ulah ngali taneuh di dinya, geura mangke eta jeruk moal leubeut buahna, jeung kumaha mangke bisi paeh tangkalna, jeung itu jeruk nu di pipir, anu geus dilombang ku bapa, sok dibanjuran ku uyah, mangke buahna pangset, leuwih hade eta tangkal-tangkal gemuk ku lebu urut ngadurukan, supaya gampang urang ngumpulkeun runtah-runtah handapeunana tuluy bae sundut."

Bapana seuri, "Ha! ha! ha! end og mapatahan hayam."

Atawa.

Bapa, itu di sawah geura rabutan, pare nu tarungkul, tinggalkeun nu taranggah, ambeh alus katenjona, kitu deui di galeng-galengan, montong dipelakan kacang, sabab matak heurin ari ngaliwat.

28. GANTUNG TEUREUYEUN

Hartina : keur tengah-tengah dahar eureun lantaran aya nu didago nuduhkeun hayang geura neureuy deui.

Kira pukul-pukul peuting, Idjan datang ti panglalajoan, barang jol oge, geus nanyakeun ka indungna, sugan aya kahakanan.

Carek indungna, "Euweuh, tuh dina gantungan aya lelemper, sesa bapa sia tadi."

Idjan tuluy nyokot lelemper, sarta kopi dihakan, ari geus beak manehna hayangeun keneh, tuluy ngomong pokna, "Ema cing sugan aya keneh, naon bae, ieu gantung teureuyeun."

22