Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/37

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

29. GANTUNG DENGE

Hartina : ngarep-arep hayang geura ngadenge deui.

Ahmad, Sadji jeung Warma, arulin ka tegal rek ngarala taneuh porang, di jalan Warma ngahariring Kinanti, kieu pokna :

Ngucel-ngucel muncang gendul, dicuka dina pependil, gundal-gendol jadi gundal, jadi gundal tara adil, ari omongan sok ngadal, paribasa rek ngabedil.

Ceuk Sadji, "Naha kecapna kitu, dal dil dul, omongan naon Warma?"

Ceuk Ahmad, "Ingkeun, ulah waka ditanya, sina tuluy tembang."

Tapi Warma seuri bae, teu daekeun tembang deui, da ngan bisa sakitu, dihantem dikeukeuhan ku Ahmad, pokna, "Cing geura ngong deui ah! ieu gantung denge."

30. GEDE GUNUNG PANANGGEUHAN

sok rajeun aya nu nyebut Gede gunung
geusan n anggeuh
geusan = enggon = tempat

Hartina: adigung, lantaran aya andelan, kayaning: pelekik, pedah boga bapa beunghar, atawa boga baraya jeneng, atawa boga sobat jeneng (beunghar).

Si Tane, suan Bapa Alhim, nu beunghar di lembur Nempel, ku sabab manehna boga ua jegud, kumaki pisan, sumawonna ka bangsana barudak deui, masih ka kolot oge, sok wani ngunghak, jadi ku sakur nu aya di lembur eta, sok diarantep bae.

Lebe di dinya pamanna, nyahoeun yen Si Tane kitu kalakuanana, Si Tane geuwat dicalukan, barang geus datang, Lebe ngomong, pokna, "Tane, aing ngabejaan ka sia, lamun sakali-kali deui, sia telenges ngunghak ka pada barudak, sumawonna ka

23