Kaca:Saratus Paribasa Jeung Babasan IV.pdf/39

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi

Ceuk mandor Gudang, "Ambrun! ayeuna mah maneh geura balik bae ti dieu, sabab euweuh gunana, boro adeg pangadeg maneh sakitu, jeung panggedena, tapi naha bet kitu, mun kai mah kayu randu, dipake pamikul bengkung, dipake lincar sok anggang, dipake pancir nga jedig."

33. GURU RATU WONGATUA KARO

Wongatua karo = indung bapa jeung mitoha sarimbit.

Hartina : nu wajib dihormat, nya eta: guru, ratu, indung bapa, mitoha awewe lalaki.

Tacan sabaraha lilana, juragan Patih pansiun geus nikah jeung Nyi Naijah, anak Ki Sueb, unggal minggu bae, juragan Patih sok sumping ka imahna Ki Sueb, sarta teu kurang-kurang ngahormat mitoha.

Hiji poe Ki Sueb ngomong ka anakna, pokna, "Nyai! unjukeun ka juragan, eta kitu ari sasauran jeung bapa teh, montong hormat-hormat teuing, bapa isin."

Wangsul anakna, "Mangga."

Isuk-isuk keur waktu juragan ngaleueut, Nyi Naijah unjukan pokna, "Abdi kawiatan ku pun bapa, eta gamparan ari sasauran, atanapi naon bae, ulah sok hormat-hormat teuing, pun bapa sok isin."

Juragan, "Hih Nyai moal beunang dicarek, sabab kudu kitu, ka ngaranan mitoha mah, sabab geuning ceuk paribasa oge, guru ratu wongatua karo."

34. GEULIS SISI, LAUR GUNUNG, SONAGAR HUMA

Hartina : hade, tapi aya bangun dusun.

25