Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/242

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

222

Eta djalma sadoeana pada boga hate sisirikan kana djampena sorangan, karana tatjan digĕndoekeun djeung noe sedjen, atawa ditjoba.

Djadi Boejoet Sangrajoen gawena barina idĕr-idĕran bae, toeroen leuweung asoep leuweung, njiaran djalma noe sakti loehoer djampena geusan diana ngagĕndoekeun djampena saking sisirikan.

Teu kĕbĕl Boejoet Sangrajoen meunang bedja, moen di Goenoeng bongkok aja noe sakti keur tapa, aja eta ngaran Aria Dilah.

Geus kitoe, ladjoe bae koe diana disiaran; beurang peuting teu wĕleh-wĕleh leuleuweungan.

Katjarita Aria Dilah noe keur tapa tea.

Kitoe ogeh sisirikan kana djampe kasaktian diana, hajang njoba-njoba, rek digĕdoekeun.

Ti dinja, ladjoe Aria Dilah leumpang leuleuweungan njiaran pilawaneun ngagĕndoekeun djampe.

Teu kĕbĕl deui, diana ogeh manggih bedja, moenna aja sahidji djalma sakti loehoer djampena, aranna Boejoet Sangrajoen, noe keur tapa di Goenoeng manik.

Ladjoe koe Aria Dilah disiar, ngadjoegdjoeg ka Goenoeng manik.

Arina nepi ka tengah-tengah leuweung, gek pateumoe, padoe hareupeun.

Di dinja sadoeana silih tanja, pada tatjan wawoeh.

Tjek Boejoet Sangrajoen: "eh, rek ka mana dia. saha aran djeung ti mana padoekoehan asal?"