Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/243

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

223

Omongna Aria Dilah, pokna: "Ngaing ti patapan Gunung Bongkok, aran ngaing Aria Dilah, keur ñiaran anu sakti luhur jampena, aranna Buyut Sangrayun."

"Anu matak disiar, sabab ngaing sisirikan hayang ngagĕndukeun jampe jeung diana."

Buyut Sangrayun ngahulĕng, tilok lemek; hatena teu ñana mun eta Aria Dilah.

Laju bae ngomong: "Oh, atuh kamayangan, kabĕnĕran jasa ngaing pateumu jeung dia. Lamun dia tilok ñaho, ña ngaing nu ngaran Buyut Sangrayun, ña eta kiwari keur ñiaran dia, nu aran Aria Dilah."

"Kiwari, hayu, urang pada ngagĕndukeun jampe-jampe jeung kasaktianana, tapi pacuan ulah aya nu ñahoëun sababna buyut, bisi cambal."

"Jeung mun aya nu ngadenge keur diwĕjang eta jampena, watĕkna panas ka nu ngadengekeun, sabab, mun kadenge ku manusa atawa ku bangsa satoa ogeh, tangtu laju ngarti bae jeung mo kabuat ñandangan; mangke tangtu aya kajadianana."

Aria Dilah sisirikan jasa kana jampena Buyut Sangrayun, hayang geura prak bae diwĕjang.

Tapi barĕng keur ngaromong kitu, dumadakan hol badak daratangan sapirang-pirang ngaliwat jeung ñaratuan di diña.

Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah teu tulus ngagĕndukeun jampena, sabab aya halangan.

Laju laleumpang ñiaran deui tĕmpat nu suni anu tilok satoaän.

Teu kĕbĕl, manggih deui tĕmpat nu sĕpi sĕrta suni; tilok satoaän naon-naon.