Lompat ke isi

Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/244

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

224

Barĕng prak deuk ngawĕjang jampena, laju datang maung ñapeurkeun; teu tulus deui ngagĕndukeun jampena.

Laju arindit deui ñiar tĕmpat sĕpi.

Beh manggih deui tĕmpat suni; teu ku hanteu mun rek prak ngawĕjang jampena; jol uncal daratangan sapirang-pirang. Teu tulus deui di diña.

Gañcangna, kitu bae; unggal-unggal tĕmpat ilok aya panggoda rancana, sagala satoa ilok daratangan, kayaning bagong tea, peucang tea; teu ku hanteu ngarañcana ngagoda.

Ti diña, laju lalunta deui, leumpang jauh, ñiaran tĕmpat anu sĕpi nu tilok rañcanana.

Ana nĕpi ka hiji leuweung, di diña aya walungan gĕde, di sisina aya hiji tangkal kiara gĕde jeung luhur jasa; saluhureun tanggal kalapa luhurna. Jeung dina tayoheun eta kiara aya curug, aranna Curug Saeran; leuwina jĕro jasa, nu kaluühan ku eta kiara.

Geus kitu, di diña prak ngawĕjang jampena kasaktian Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah.

Ana anggeus sĕrta cocog saduana digĕndukeun, bĕt dumadakan aya cacing gugulingan sĕrta ngartiëun kana eta jampe saduana.

Cacing teh tilok tahaneun, teu kabuat ñandangan eta jampe panasna jasa. Laju gugulingan ka sisi cai ngĕcĕmplung.

Datang ka cai, cacing disantok ku bogo, diteureuy.

Bogona kawalahan, teu kabuat panas kapañjangan cacing ku jampena Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah; laju gugulingan.