Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/245

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

225

Keur gulang-guling, datang lauk gĕde, aranna hampal.

Bogo disantok ku hampal, laju diteureuy.

Hampal ogeh teu tahaneun, teu kabuat tina panasna watĕk eta jampe.

Laju gugulingan ka sisi rek paeh.

Barĕng nĕpi ka sisi, kapanggih ku bikang nu keur ngisikan.

Mun aya hampal gĕgĕdĕbugan, gugulingan rek paeh, bikang teh atoh jasa. Manggih lauk gĕde, laju diala, dibawa ka imahna, dipolahkeun.

Sanggeusna diolahkeun, prak diparadang jeung salakina.

Sanggeusna ngahakan lauk hampal, eta si bikang teh laju bae ñiram, tĕrus reuneuh.

Kĕbĕl ti kĕbĕl reuneuhna beuki gĕde.

Laju bae ngajuru; anakna orok lalaki alus jasa.

Ana geus gĕde, laju mabur ka taneuh Bugis; caritana ña eta nu nurunkeun Bugis tea.

Teu dicarita deui.

Kocap deui Buyut Sangrayun jeung Aria Dilah.

Sanggeus cacap ngagĕndukeun jampena kasaktian, laju ngajak paluhur-luhur luñcat tina Curug Saeran kana puñcak kiara tea.

Ceuk Buyut Sangrayun: "Hayu, kiwari urang pada luñcat. Mangke, saha-saha nu bisa luñcat laju muntang dina puñclak kiara, eta tandana pangpuñjulna jampena, jeung mana-mana nu teu bisa, eta tandana kasaktianana masih handap keneh."

Carek Aria Dilah: "Ña, hayu barĕng."

Sanggeusna badami, bĕr pada laluñcatan tina curug kana luhur kiara tea.

Dĕmi Buyut Sangrayun mah bisa luñcat,; laju muntang kana puñclak kiara nu pangluhurna.

Dĕmi Aria Dilah mah, ragrag deui ka tayoh, datang ka