Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/291

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

269

Ana prak pada ngaraboet, ari Nji Sangkan mah, taleusna tilok aja beutian djeung kĕri djarore.

Barĕng boedak boentjireung ngaraboet taleusna beutina gĕde djasa, tapi ngan hidji, gĕdena saroea djeung gĕntong pabeasan.

Boedak boentjireung ngomong ka Nji Sangkan bari nembongkeun taleusna dioeang-awing: „tah, geuning, oea, pĕlak taleus ngaing aja beutina mani sagĕde boeroet si oea.”

Geus kitoe, dadak sakala kaboektian, keuna koe sapa, harita djadi toemboengna Nji Sangkan ladjoe boeroet ngagandoj sagĕdena taleus tea saroea djeung gĕntong pabeasan.

Nji Sangkan malangkaboet, hatena beuki maraheun ka boedak boentjireung, pedah diana keuna sapana boeroet toemboeng, datang ka egang leumpangna; meh teu bisa balik ka imahna.

Ladjoe bae tjeurik.

Ti harita Nji Sangkan beuki kĕbĕl beuki hewa ka boedak boentjireung. Tina ngarasa kawirangan hatena maehan, ngan siheun koe salakina Daleum Sangkan.

Barĕng dina hidji mangsa si boentjireung keur njaba, tjoöna, laoek loebang tea, dipaling koe Nji Sangkan tina galoegoe.

Ladjoe dibawa ka imah, diolahkeun, ari hoeloena tilok diolahkeun, diwadahan bae koe pinggan, diteundeun dina para piring, ditoeroeban koe parioek.

Teu kĕbĕl, si boentjireung datang bari mawa parab laoek; ladjoe noöng laoekna rek diparaban.

Ana ditoöng, laoekna euweuh, nja ata geus dipaling koe Nji Sangkan.

Si boentjireung ladjoe nanjakeun, pokna: „oea, laoek ngaing dikamanakeun, mana euweuh dina tĕmpatna mo teu koe dia dipaling.”

Nji Sangkan gasik nembal, pokna: „teu njaho teuing da ngaing mah tilok ngoeroesan laoek dia.”

Dĕmi keur ngomong kitoe, ladjoe kotokna kongkorongok.