Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/292

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

270

Kieu pokna:
„Kiplik-kiplik kongkorongok.
Hoeloe loebang diboenikeun,
ditoeroeban koe parioek,
diwadahan dina pinggan,
diteundeun di para piring.
Boeroe-boeroe, geura teang,
oelah ngandĕl ka Nji Sangkan,
diana djore hatena,
karĕpna hajang maehan.”

Ari geus ngadenge kotok kongkorongok kitoe, si boentjireung ladjoe bae neangan kana para piring.

Ana ditoöng, njata hoeloena loebang teh aja, ditoeroeban koe parioek.

Ti dinja si boentjireung tilok loba ngomong deui.

Ladjoe bae maboer ngalolos tina maraheun ka Nji Sangkan hewaeun.

Tĕroesna ka nagara Pakoean barat, ladjoe tapa di pagoenoenganana.

Katjaritakeun eta ratoe Pakoean barat boga poetra bikang sahidji; liwat saking geulisna, ari aranna Poetri Tasik larang radja kĕmbang.

Harita keur meudjeuhna baleg kĕmbang, tjawene kira-kira geus lima wĕlas tahoen oemoerna, tatjan lakian.

Tjaritana eta boedak boentjireung ladjoe mandi ka leuwi sipatahoenan.

Ana geus mandi, ladjoe djadi bagoes, kasep kaliwat saking, tjahjana kawas ratoe bae moebjar-moebjar, ngan boentjireung teu leungit.

Teu kĕbĕl, ladjoe toeroen ka nagara nanjaän eta Poetri Tasik larang radja kĕmbang tea.

Koe ajahna ditarima, sarta tĕroes bae dititah kawin.

Poetri ogeh soekaeun djasa lakian ka diana.

Ari aranna geus diganti koe diana, ngalandi dia boedak boentjireung teh djadi Prĕboe anom Moending kawangi.