Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/293

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

271

Geus kitoe, tjaritana, ladjoe bae dikawinkeun, ditĕtĕpkeun koe mitohana, djadi prĕboe anom di Pakoean barat.

Teudeun heula tjarita noe geus djadi ratoe.

Sakwari njaritakeun deui di Parakan koedjang.

Mangsana ratoe anom keur tatapa di dinja, di Goenoeng Koedjang, boga sanak dalit djasa tjara gous djadi sadoeloer bae; bagoes pada bagoes hatena, geus pada pĕrtjaja boeat silih belaan, aranna Ratoe bagoes Banaroedin.

Dina hidji mangsa, geus kĕbĕl djasa di Pakoean barat, ratoe anom sono hajang pateumoe djeung Ratoe bagoes Banaroedin di Paroeng koedjang.

Ladjoe bae amit ka mitohana moen rek leumpang djeung pawarangna ka Paroeng koedjang.

Koe mitohana diwidian, ngan tjarekna: „oelah kĕbĕl teuing di Paroeng koedjang.”

Geus kitoe, teu kĕbĕl deui, ladjoe bae irindit sadoeana ka Paroeng koedjang djeung pawarangna.

Barĕng nĕpi ka Paroeng koedjang, ladjoe tĕpoengan djeung Ratoe bagoes Banaroedin.

Di dinja ditarima hade-hade kawas djeung sadoeloer bae, geus teu asa-asa mondok moëk di imah Ratoe bagoes Banaroedin.

Tapi sadjeroning manah Ratoe bagoes Banaroedin malang hatena, hajangeun ka pawarang ratoe anom Pakoean barat, ngan teu katara.

Heubeul-heubeul ratoe anom Pakoean barat amit ka Ratoe bagoes Banaroedin moen diana rek ngalampahkeun tatapa deui di Goenoeng Tjaladi. Dĕmi pawarangna dipihapekeun ka Ratoe bagoes Banaroedin, tjarekna: „mangke ari balik, ieu, tetehna koe kakang disampeur, kiwari mihape bae, da mo heubeul djasa kakang ogeh.”

Ladjoe koe Ratoe bagoes Banaroedin ditarima, dĕmi diana mah ladjoe leumpang ka patapaän.

Geus nĕpi ka Goenoeng Tjaladi, diana ngaganti aran, djadi Dewa Kaladri, doemeh tapa di Goenoeng Tjaladi.

Ari saboeat diana keur tapa, pawarangna dibogohan koe