Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/294

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

272

Ratoe bagoes Banaroedin sarta daekan; ladjoe bae dipake pawarang.

Barĕng kĕbĕlna tapa geus toedjoeh boelan, Dewa Kaladri balik ti patapaän djeung ngangkoeh njampeur pawarangna tea, rek dibawa poelang ka Pakoean barat.

Ari datang ka nagara Paroeng koedjang, ana ditoöng, bet pawarangna geus dipake pawarang koe Ratoe bagoes Banaroedin, djadi diana tea ladjoe ka imahna Ratoe bagoes Banaroedin. Tjitjing bae di saoeng hoema, ngadapang tina heran ingĕt pawarangna dirĕboet koe sanakna noe geus sakitoe gĕdena.

Tapi diana tilok deuk mĕrangan, hawĕlaseun ka eta sanakna djeung ngangkoeh ngasrahkeun.

Nja geus kitoe ngangkoeh, ladjoe tjitjing bae.

Keur kitoe, katangen koe baladna Ratoe bagoes Banaroedin.

Ladjoe bae dibedjakeun ka ratoena, sarta koe ratoe dititah dikĕpoeng dipaehan.

Dewa Kaladri ladjoe bae leumpang, lolos ti dinja madjoena ka timoer kidoel.

Barĕng nĕpi ka Tandjakan Tji-batoe, pateumoe djeung hidji toekang njadap, aranna ki Kondoj. Diana keur ninggoer leungeun kaoeng bari dilaänan kalokopna.

Dewa Kalädri nanja ka ki Kondoj, pokna: „eh, keur naeun dia di dinja?”

Nembalna: „ngaing keur ninggoer, leungeun kaoeng rek disadap bari dilaän indjoekna djeung kalokopna.”

Tjeuk Dewa Kaladri: „tjoba, kiwari koe dia ngaing geura toeloengan, karana sakiwari ngaing soesah keur dioedag-oedag koe baladna Ratoe bagoes Banaroedin, rek dipaehan.”

„Tapi ngaing tilok hajang ngalawan sabab karoenja.”

„Sakiwari age-age, ngaing geura boenikeun belaän koe dia, asal oelah datang ka ngandangan pati.”

Geus kitoe, ladjoe bae koe ki Kondoj ditoeloengan. Diteundeun kana Lombang laboehan boelan, diboegbroegan koe indjoek djeung kalokopna kaoeng tea boeni djasa; teu ilok katara.