Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/295

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

273

Teu kĕbĕl daratangan balad-baladna Ratoe bagoes Banaroedin njiaran Dewa Kaladri.

Ana gok koe noe keur njadap tea, ladjoe bae nanjakeun, pokna: „heh, noe njadap, dia teu manggihan djĕlĕma liwat ka dieu?”

Nembal noe njadap: „ngaing mah tilok njeueung, da ti isoek ogeh aja di dieu njadap, tapi tilok aja djĕlĕma liwat ka dieu.”

Geus kitoe, ladjoe bae baralik deui, teu kĕbat njiaranana.

Sanggeusna baralik moesoehna, ladjoe Dewa Kaladri dikaloearkeun koe ki Kondoj tina Lombang laboehan boelan, djadi waloeja tina bahlana.

Di dinja Dewa Kaladri soepata ka ki Kondoj, kieu tjaritana: „Kondoj, kiwari ngaing narima djasa pedah geus ditoeloengan koe awak dia nĕpi ka lesot tina balai ngaing. Mangke, dia disoepata koe ngaing soepaja soegih moekti tina pagawean dia, noe dipolah sapopoë tina njadap. Ngan ngaing talatah ka dia, mangka hade djasa, poma-poma anak poetoe dia, patjoean rek tjorok-tjoemorok ka toeroenan Ratoe bagoes Banaroedin di Paroeng koedjang djeung ka toeroenan Daleum Sangkan di Tji-handam. Eta noe sakitoe koe dia djieun kaboejoetan, karana Ratoe bagoes Banaroedin geus djore hatena ka ngaing.”

„Kitoe deui Daleum Sangkan ewena geus njanjeurihkeun ka awak ngaing djeung saïntjoe poetoena toeroenan, eta disapa koe ngaing bikangna baroeroet toemboengna pasti.”

„Lamoen dia ngarĕmpah kana ieu pitoetoer ngaing, tangtoe tjilaka, mo pinanggih waloeja, tapi moen dia ngestoekeun, tangtoe waloeja, mo aja koerang naon-naon.”

„Tah kitoe papatah ngaing, ka[1] hade-hade djasa.”

„Kiwari ngaing mo kĕbĕl di dieu, rek ngadjoegdjoeg ka Parakan dangong.”

Ki Kondoj narimaeun djasa kana woeroekna Dewa Kaladri sarta diëstoekeun salawasna diwĕkaskeun ka anak intjoena.——————————

  1. mangka.