Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/296

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

274

Mana nĕpi ka kiwari satoeroen-toeroenan Aki Kondoj tilok kakoerangan dahareun pakeheun.

Dĕmi Dewa Kaladri, sanggeusna soepata kitoe, ladjoe bae moeroed; leungit teu kanjahoan leumpangna.

Katjaritakeun timboelna eta Dewa Kaladri di Tji-masoek.

Di dinja rea djasa imah djeung saroegih djasa djĕlĕmana.

Barĕng kitoe, diana neuleu hidji bikang anoe keur ngakeul.

Ladjoe Dewa Kaladri api-api kalaparan ngadodja eta bikang; menta kedjo ka noe keur ngakeul, pokna: „menta wadang?”

Anoe ngakeul tilok mere; siheun teu mahi hakaneun djeung sabatoerna, nembalna: „euweuh wadang, aja ogeh wedang.”

Ngomong kitoe soteh rasa mokaha abeh teu toeloes barang peutana.

Tjarek Dewa Kaladri: „keun teuing, ari euweuh mah, ngaing ogeh hamo maksa, moen dibere wedang ogeh narima.”

Barĕng Dewa Kaladri njaoerna kitoe, eta kedjo noe diakeul, geus djadi wedang.

Bikang teh ngahoelĕng bae, teu lemek, deudeupeun pedah kedjona geus djadi wedang.

Tjarek Dewa Kaladri: „tah, kitoe ari djalma noe ilok bohong mah, ilok aja kadjadianana."

„Kiwari ngaing soepata ka dia, da bongan dia, bohong ka ngaing, djadi mangke satoeroenan-toeroenan dia di Tjimasoek mo tjoekoel tina bangsa Sĕri,[1] ditjarita bongan ngabohong ka ngaing. Ngan bisa ogeh meunang kahoeripan tina kaoeng sabab kiwarina noe katarima koe ngaing teh wedang doang.”

Geus kitoe, teu kĕbĕl deui Dewa Kaladri moeroed deui; tilok kanjahoan hĕlosna.[2]

Nĕpi ka kiwari kadjadian di Tji-masoek tilok aja noe tjoekoel tina mĕlak pare, ngan tina kaoeng bae sabab keuna sapana Dewa Kaladri ti harita.

——————————

  1. pare.
  2. hĕlos=los.