Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/297

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

275

Kitoe deui sakoer-sakoer noe geus disoepataän koe diana nĕpi ka kiwari djadi kaboejoetan sapĕrti di desa Tji-handam djeung di Tandjakan Tji-batoe. Teu ilok djasa tjorok-tjoemorok ewean lakian, nja eta lantaran ti harita disapa. Djeung bikang-bikangna ilok baroeroet toemboengna.

Eta patjadoean-patjadoean dibabajankeun djasa nĕpi ka toeroen-toemoeroen ka anak intjoena nĕpi ka kiwari.

Katjarita deui Dewa Kaladri geus timboel deui di Parakan dangong tatapa.

Nja eta noe matak disĕboet Parakan dangong sabab sasakala tilar para dewata marak di dinja djeung Dewa Kaladri tapana ngadangong dina loehoer batoe.

Aja deui.

Kiwari noe katjarita, Boejoet Lanting, kokolot di Tji-keusik, koempoelan djeung sabatoerna, kokolot Tji-beo djeung kokolot Tji-kĕrta wana, sabab koe geurang poeoen diparentah njiaran sangratoe miroepa boedak boentjireung, noe beuheula geus ditoeroenkeun koe ajahna ka boeana ti kahjangan, didjoeroeng tatapa.

Kiwari geurang poeoen geus meunang bedja moenna eta sangratoe geus timboel di Parakan dangong.

Ladjoe bae Boejoet Lanting barĕmpoeg djeung sabatoerna.

Geus rengse, ladjoe arindit laleumpang ngadjoegdjoeg ka Parakan dangong tea, sĕrta eta kokolot-kokolot mawa batoer lima sewang, djadi tiloe kokolot mawana batoer lima wĕlas oerang, dalapan wĕlas djeung kokolotna.

Barĕng nĕpi ka Parakan dangong, njata tetela aja Dewa Kaladri keur ngadangong bae tapa dina loehoer batoe.

Ladjoe disalampeurkeun; geus pateumoe di dinja.

Ana dileret koe Dewa Kaladri, diana kaget samaroekna balad-balad Ratoe bagoes Banaroedin.

Ladjoe eta dewa indit bari njokot hidji batoe gĕde, sagĕde kĕpek gĕdena, rek dipake nimpoegan ka djalma-djalma dalapan wĕlas tea.