Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/298

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

276

Bari omongna: „eh, naha dia bĕnĕr baladna Ratoe bagoes Banaroedin, ta[1] lain?”

„Lamoen bĕnĕr, hajoe, kiwari oerang pĕrang djeung ngaing. Tjoba, dia geura dareukeut ka dieu moen hajang njaho.”

Kokolot Boejoet Lanting djeung sabatoerna pada marĕndĕk;[2] moen isineun djeung siheun djasa sĕrta geus njarahoeun moen eta dewa sangratoe.

Ladjoe pada ngaromong, tjarekna: „aroeh,[3] goesti, ieu mah lain balad Ratoe bagoes Banaroedin ngaing ti Tji-keusik, Tji-beo djeung Tji-kĕrta wana. Mana daratang ka dieu, estoe dioetoes koe geurang poeoen njiaran sangratoe, noe beuheula geus ditoeroenkeun koe ajahna ka boeana, moen boa ĕnja goesti kiwari koedoe poelang ka kahjangan.”

Geus ngareungeu kitoe, Dewa Kaladri rĕntĕb[4] pamilihna, teu toeloes ambĕkeun.

Ladjoe njaoer: „oh, atoeh hade, katarimakeun koe ngaing moen ĕnja dia kokolot Tji-keusik, Tji-beo djeung Tji-kĕrta wana, ngan sakiwari ngaing mo bisa ngaratoean di boeana, karana rek boeroe-boeroe poelang ka kahjangan, ngan sĕmĕt poë ieu ngaing papanggih djeung dia.”

„Tapi ngaing rek talatah kiwari.”

„Poma-poma dia sarerea mangka ati-ati sing rareugeudjeug[5] noe balĕnĕr, ngadjaga sagala para boejoet djeung ngadjaga paboedakan, mangka waloeja toeroen ka anak poetoe dia sarerea taroeroet.”

„Oelah djasa rek ngarĕmpak larangan-larangan para boejoet, kajaning: maling, papandjingan, bobodjoan, bobogohan; eta pamalina.”

„Saha-saha, noe ngarĕmpak, teu toeroet kana papatah ngaing, mangke aja tjilakana.”

„Tah kitoe.”

——————————

  1. atawa.
  2. darioek tjara sila.
  3. adoeh.
  4. lĕmpĕr.
  5. harade.