Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/333

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

311

ngabangbajang[1] njatang pinang,
loer[2] noe sadjamang boeloedroe,
liar noe sadjamang soetra,
djamang hideung diga[3] reueuk,
pĕdang diga leat njaksrak,
broei pajoengna bral kipasna,
porolok alok-alokna,[4]
oerang djaro pahoemaän,
angkat mapaj djalan gĕde,
djalan gĕde waloestoeren,[5]
galoengan[6] djalan padati,
alam djaman pakorontjong,[7]
alam djaman pakoerĕntjang,[8]
djaman koeda ngegel beusi,
ka kiwari ngegel keneh,
kitoe geh eukeur dipake,
tjoel dilaroeng bat diliwat,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka padoekoehan,
geus moengkoer-moengkar di dinja,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka pasawahan,
tjoendoek di sawah marioek,[9]
soemping di sawah toenggiling,[10]
goeroedag di sawah tadah,[11]
sawah tadah tande hoedjan,

——————————

  1. ngagĕbaj pandjang.
  2. lar.
  3. djiga.
  4. in de handen klappen en juichen.
  5. niet verklaard door D.
  6. golongan.
  7. kekerentjengan, 't geluid van 't op 't gebit knabbelen.
  8. kokorontjongan, idem, als boven.
  9. nekrok (t), kos birit parioek.
  10. tjoeeut, sawah lamping.
  11. kos wadah.
Tijdschr. v. Ind. T. L. en Vk., deel LIV, afl. 3 en 4.
7