Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/334

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

312

ngaran tipar-tipar tea,
tjoel dilaroeng bat diliwat,
ngoesiran deui ka mana,
mipir kikis djaro djati,
mapaj kandang walang[1] sanga,
tjoendoek di lawang pĕlĕngkoeng,
soemping ka lawang toenggiling,
goeroedag kairing-iring,
katjapiring djeung tjalingtjing,
pala malapit[2] di djalan,
paranti noe ajoe nangtoeng,
paranti noe lĕndjang nedja,
paranti noe geulis niïs,
paranti ngahaseum[3] tanggaj,
loeloeroeng teuloe dibandoeng,
lalaren[4] doea dikipas,[5]
disaba ditĕngah-tĕngah,
bisi djalan mamaroean,
noe notog ka padalĕman,
oelah ditjatoer di djalan,
djaseh hämo boeroeng tjoendoek,
anggang hamo liwat datang,
goeroedag ka padalĕman.

Bogoh kai dĕmang Tjapeu larang, oerang djaro pahoemaän.

Boet njaoer, bentes sablana ka papatih Koeda lengser, tjarekna: „beu, patih Koeda lengser, ieu ngahatoerkeun babawaän si madjar ka ngaing oerang pahoemaän, lain koe paribasa ngalalaeh ngawawande,[6] ngan sakieu kasoegihan si madjar ka ngaing."

——————————

  1. palang.
  2. ngahapit, dihapit.
  3. met een mesje gelijk krabben.
  4. verlaten weg.
  5. disingkahan.
  6. ngadjodjode-ngamomore.