Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/335

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

313

Tjarek patih Koeda lengser: „oelah rea kasaoeran, lain kitoe noe dipandang, dikoempoelkeun soteh koe si madjar ka ngaing, panggoestian, tapa doeg boelan baraning tahoen, lain hajang bĕdas, lain hajang kahot liwat ti deungeun, hajang katjoendoekan ratoe, hajang kasindangan menak. Kiwari kasorang tineung, hajang njieun rame-rame di nagara Pasir batang."

Bogoh patih Koeda lengser,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka padalĕman,
kasampak kasondong aja,
noe bagoes dahoean daleum,
tjalik mando amatanan.
Bogoh patih Koeda lengser,
oenggoek matoer oelang njĕmbah,
parapas oelang sĕmbahna,
gĕlĕndĕng[1] dipadanaän.

Tjarekna: „pangoeloe tandang, ieu njerenkeun babawaänana, oerang pahoemaän, ari tjarekna: lain ngalalaeh ngawawande ngan sakieu kasoegihanana."

Saoer ratoe: „ih, ngaing mah, lengser, hanteu mandang kana babawaänana, asal[2] pada koempoel bae."

„Ari ajeuna koe dia parailkeun, lalakina poerah ngala soeloeh ngala daoen, noe sawareh koedoe njieun balandongan opat poeloeh; dĕmi bikangna poerah noetoe, poerah olah. Moen geus rengse, bebedja deui ka ngaing."

„Sok," tjek patih Koeda lengser.

Ngan panteg njaoer sakitoe. Kaloentjieur, kalieus[3] malikeun peunteu.

Ngoesiran bae ka mana?

Ngoesiran ka gagaman oerang pahoemaän.

——————————

  1. murmelen.
  2. soepaja, dapon.
  3. kaloeas-kalieus, loeak-lieuk.