Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LIV.pdf/336

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

314

Boet njaoer, bentes sablana ka loear ka ki dmang Tjapeu langrang, tjarekna: „ajeuna gagaman widak sangrama, hiangan para gělangan, oerang pahoemaän geura parailkeun. Děmi lalakina poerah ngala soeloeh, ngala daoen djeung koedoe njieun balandongan opat poeloeh, ari bikangna poerah noetoe, poerah olah."

Teu kěběl deui, prak bae diparailkeun; kotjapkeun geus rengse bae.

Bogoh koe patih Koeda lengser.

Ngoesiran deui ka mana?

Ngoesiran ka padalëman.

Patih daleum kasampak kasondong aja, tjalik mando amatanan.

Patih Koeda lengser oenggoek matoer, oelang njěmbah.

Parapat oelang sěmbahna, tjarekna: „pangoeloe tandang, ngahatoerkeun moen beubeunangan marentah ka oerang pahoemaän, gagamanna děmang Tjapeu larang. Ajeuna saparentahan geus rengse, balandongan opat poeloeh geus ngabandoeng, soeloeh, daoen geus sadia, taja kakoeranganana."

Saoer patih daleum: „hade, lamoen geus sadia."

„Ajeuna ngaing ka dia marentah deui balandongan opat poeloeh koedoe eusian gambělan katoet panajaganana djeung warna-warna tatabeuhan kajaning: soeling, karinding,[1] katjapi, tjaloeng djeung angkloeng katoet noe pinabeuheunana; oelah aja kakoerangan."

„Kitoe deui para bikang koedoe pada nganggěm[2] haloe sadia keur nabeuh lisoeng; sakitoe parentah ngaing."

„Sok" tjarek patih Koeda lengser.

Bogoh patih Koeda lengser,
lamoen geus meunang parentah,
parentah ti panggoestian,

——————————

  1. mondharp.
  2. njangking, njěkěl.