315
gidjig-gidjig kĕntar-kĕntir,[1]
kĕntar-kĕntir balagĕndir,[2]
deuk ngadjadikeun parentah,
loempat leutik gagasikan,
ari djaoeh leumpang baë.
Bogoh patih Koeda lengser,
goeroedag ka balandongan,
marailkeun panajagan,
toekang bĕdoeg njandak bĕdoeg,
toekang bĕdil njandak bĕdil,
sakabeh geus pada rengse,
pada njangking[3] sabawana.
Bogoh patih Koeda lengser,
kaloentjieur balik moelih,
ngoesiran baë ka mana,
ngoesiran ka padalĕman,
sakeudeung goeroedag datang,
oenggoek matoer oelang njĕmbah,
parapat oelang sĕmbahna,
gĕlĕndĕng dipadanaän.[4]
Tjarekna patih Koeda lengser: „pangoeloe tandang, geus anggeus diparailkeun, tjek madjar ka ngaing sadajana, salobana, sakabeh, sarereana rengse kabeh, hanteu aja noe kaliwat. Tapi ngaing deuk nanja, anoe deuk dipake rame, lamoen tahoen, tahoen mana, lamoen boelan-boelan mana, si madjar ka ngaing kahimĕngan keneh."
Saoerna papatih daleum: „hanteu leunggeuh tjaoe peujeum, hajang leunggeuh tjaoe beuleum, kawasa didadak dihakan atah, rĕboet isoek, sĕndal beurang talangkang saboeka siang, halangan kaboeritnakeun, hajang poe ieu sakalian."
——————————