Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/323

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca
301

14

Noerasa poetrana nabi,[1]

eta noetoerkeun ka wajang,
wajang keur teu tararembong,
waktoena djadi siloeman,
teu tembong koe manoesa,
noe matak noesa Djawa soewoeng,
taja noe bisa ngeusian.

15

Ratoe Galoeh ĕnggeus linggih,

djadi ratoe Noesa Djawa.
Wajang toeloej eleh kabeh;
teu aja katjaritana.
Nagri langkoeng moelia,
rĕgrĕg pageuh hamo nimoe,
sapĕrti nagara eta.

17

Katjarios tanah Mĕsir,

keur waktoe djaman harita,
radjana teh Nabi Ĕnoh,[2]
nja kitoe radja kawasa.
Naon anoe pangĕrsa,
geus tinangtoe bae kaboel,
ku kĕrsa noe Mahamoelia.

——————————

  1. Diens lotgevallen zijn behandeld in den tekst tot de Wajang Selarasa.
  2. Waroega Goeroe Fol. 2, Fol. 6, waar blijkt dat Noach weer niet de vorst van Egypte is.