Ieu kaca can diuji baca
302
18
Djadi rea anoe ngiring,
ngalampahkeun sareatna;
tina noese-noesa sedjen,
sakoemaha parentahna,
geus tangtoe dipilampah,
koe sakoer anoe geus taloek,
ngalampahkeun sareatna.
19
Aja anoe hĕnteu ngiring,
ngalampahkeun agamana,
sareatna nabi Ĕnoh,
nja eta Ratoe poesaka,[1]
reudjeung balad-baladna.
Kabeh teu aja noe anoet,
eta pirang-pirang radja.
20
Nabi Ĕnoh ĕnggeus ngarti.
Rehna pirang-pirang radja,
soemawonna sedjen poelo,
noe teu anoet ka andjeunna,
ngalampahkeun sareat,
seng nabi Ĕnoh noenoehoen,
nĕnĕda ka Goesti Allah:
21
"Ja Allahoe, ĕnja Rabbi,
Goesti Allah noe kawasa,
Pangeran alam sakabeh,
abdi nĕda ditoeloengan;
sakĕrsa, Goesti Allah,
sadaja anoe teu noeroet,
moegi diparin hoekoeman".
__________
- ↑ De Ratoe Gatoeh zooeven in vers 15 genoemd.