Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/330

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

308

sabab koe tina reana.
Anoe paeh, noe sakarat ongkoh ngoeboer;
pasaran hĕnteu kabilang,
geus beureum bae di pasir.

66

Ratoe gantjang seug nimbalan:

„maneh, patih, ajeuna teh geura indit,
ngaronda ka lĕmboer-lĕmboer,
soegan aja noe kaliwat,
di djro desa atawa di djro lĕmboer,
noe teu keuna koe sasalad;
soekoer, patih, lamoen manggih.”

67

Kiai patih tjedok njĕmbah:

„noehoen, goesti, djisim abdi hatoer pamit,
njoehoen pangestoe djĕng ratoe?”
„Eh, patih, masing jatna.”
Toeloej leumpang patih djeung sabatoer-batoer,
para amtĕnar sadaja,
lĕbe reudjeung djoeroe toelis,[1]

68

Mapaj ka oenggal nagara.

tĕpis wiring paminggir para boepati,
toeloej ka koewoe Tji-boengoer.
Arina datang ka dinja,
ningalian ka oenggal imah teu nimoe,
teu aja anoe moeriang.
ki patih ngahoelĕng tjitjing.

——————————

  1. Ofschoon men zeer goed weet, dat het verhaal in de voorislamische periode speelt, geeft men zich daarvan geen oogenblik rekenschap en dangdingt er moar op los.