Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/332

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

310

sanagara meh rek toempoer.”
Ladjĕng abdi teh hatoeran:
„tjing koemaha, koering hajang oelah kitoe,
sabatoer koering sadaja,
njoehoenkeun oelah katĕpi.”

73

„Panjakit mangkana njingkah,

oelah koengsi dongkap ka lĕmboer sim koering”.
„Geus kitoe, adjar teh njaoer:
„hade, maneh diberean;
ieu tektek beuweung toeloej sĕmboer-sĕmboer
kabeh ka opat madahab[1]
reudjeung ka langit ka boemi.”

74

„Eta sakitoe, djoeragan,

keur poerwana salamĕt sadesa abdi.”
Ki patih tjĕngkat ngadangoe,
pioendjoekna aki tea.
Aki koewoe Tji-boengoer hatoeran kitoe,
patih ladjĕng enggal moelang,
rek hatoer ka kangdjĕng goesti.

75

Teu ditjatoer di djalanna.

Raden patih eukeur ngadeuheus ka goesti,
sarta bari hatoer goegoep:
„sim abdi ĕnggeus mĕndak,
hidji desa, lĕmboer ki koewoe Tji-boengoer,
salamĕt tina sasalad,
taja hidji anoe gĕring.”

——————————

  1. Madhab met een ingeschoven a om hot vereischte aantal voeten te krijgen.