Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/333

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

311

76

Sangradja ladjĕng ngandika:

„eta naon sababna, rahaden patih?”
Ki patih seug oendjoek hatoer,
pihatoerna ka sang radja,
dioendjoekkeun sapihatoer koewoe Boengoer.
Ratoe ngarendjag manahna,
ka adjar bĕndoe teh teuing.

77

„Patih, maneh geura leumpang,

mawa batoer, bopati djeang para mantri,
ngadjoegdjoeg ka eta goenoeng,
adjar teh koe maneh ogan,
sing kabawa iringkeun koe batoer-hatoer.”
Gantjangna ki patih mangkat,
barĕng reudjeung para mantri.

78

Geus dongkap ka Goenoeng Padang,

toeloej tjalik djeung adjar geus papanggih.
„Adjar, sampean disaoer
koe ratoe; koedoe gantjang.”
Pihatoerna ki adjar teh ngan sakitoe:
„Soemangga, ngiring pangĕrsa,
nanging niat djisim abdi,[1]

79

„rek njanggakeun beubeunangan,

roepi dodol, bawang djeung kĕmbang saroni,
kĕmbang malati satjoengtjoeng,

——————————

  1. Hetgeen in de verzen 64—78 verhaald is, komt in de pantoen niet voor. Ook de lezing der Waroega goeroe is een weinig anders.