Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/334

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

312

koneng tĕmĕn sarempang,
reudjeung gĕtih reundeu asalna ti Goenoeng”,[1]
Toeloej miang sarerea;
ngagoeroeh sora noe ngiring.

80

Teu ditjatoer panganggona,

da geus ngarti sapanganggo boepati,
sapĕrti ajeuna kitoe,
moal aja bedana.
Toenda heula ajeuna anoe loemakoe.
Ratoe kĕrsa njieun gagat,[2]
ngadangdanan hidji sĕlir.

82

Njai Oedjoeng sĕkar djingga,[3]

didangdanan beuteungna make kawali,
djiga anoe reuneuh njĕmploe.
Ditjandak ka pajoenan,
dibandingkeun tjalikna deukeut ka ratoe.
Kotjap, adjar, patih datang;
geus aja pajoenean goesti.

83

Ladjĕng adjar teh hatoeran:

„djisim abdi ngahatoerkenn pangabakti,
eta roepina sakitoe.”
Ladjĕng ratoe mariksa;
„eta naon, geuning, kawas roepa daoen?”
Pok ki adjar teh hatoeran:
„reundeu asal ti noe ngirim.”

——————————

  1. Goenoeng Padang.
  2. Streek, list. Oelah njieun gagat hariwajat, bisi djadi karoesoehan. In 81 volgt een kwalijk passende, obscoene aardigheid.
  3. Zie vers 64.