Kaca:Tijdschrift voor Indische Taal- Land- en Volkenkunde, LV.pdf/394

Ti Wikipabukon
Ieu kaca can diuji baca

Naha mana dingarankeun ratoe Gandoel gantoeng?

Kĕrna

Fol. 3.

tapa di awang-awang.

Arina krama ka Bĕtari Tjipta lenggang, diseuweu nja ratoe Mĕnĕng poetih.

Nala mana dingarankeun ratoe Mĕnĕng poetih? Kĕrna tapa dina haseup bidjil poetih.

Arina krama ka Bĕtari Tjipta wisesa, arina diseuweu ratoe Gandoel larang.

Naha mana dingarankeun ratoe Ga(n)doel larang? Kĕrna tapa dina bentang.

Arina krama ka Bĕtari Mĕkoe bajoe.

Bĕtari Mĕkoe bajoe arina diseuweu ratoe Okang larang.

Naha mana dingarankeun ratoe Okang larang? Kĕrna tapa dina boelan.

Arina krama ka Bĕtari Mĕkoe hoerip; Bĕtari Mĕkoe hoerip, arina diseuweu ratoe Siar.

Naha mana dingarankeun ratoe Siar? Kĕrna tapa di djĕro banjoe.

Arina krama ka Bĕtari Mĕdang rasa, arina diseuweu ratoe Komara.

Ratoe Komara arina krama ka Bĕtari Lĕnggis

Fol. 4.

djati.

Bĕtari Lenggis djati arina diseuweu ratoe Poetjoek poetih.

Naha mana dingarankeun ratoe Poetjoek poetih? Kĕrna tapa di djĕro langngit poetih noe leuwih.

Arina krama ka Bĕtari Panggoe(ng) ka(nj)tjana, arina diseuweu Bagi(n)da prĕmana.

Arina krama ka Maradja Leng djagat, arina diboga seuweu djoemĕnĕng ratoe Radja poetra poetĕr djagat.