13
Minantu cicing bae di jĕro karung.
Laju ditalian karungna, dititah bawa pulang eta cabe dina karung. Digotong ku bujangna duaan; diteundeun di jĕro pangkeng anakna.
Barang hiji mangsa peuting, bapana ĕmana heës ari anakna, teu bisa heës, mikiran salakina euweuh.
Geus kitu, ngagĕrokeun ti jĕro karung ka pamajikanana.
Cek pamajikanana: "Saha, nu gĕgĕroan?"
Jawab salakina: "Ulah gandeng, bisi kadenge ku bapa; bukakeun ieu karung."
Barang dibuka ku ewena salakina.
Barang isuk, dikira pukul opat, hudang.
Cek salakina: "Ieu cabe eudeuk dibawa ka pasar, lamun bapa nañakeun, bejakeun mun cabe dibawa ka pasar."
Isukna dibejakeun ka bapana satitahan salakina.
Cek bapana: "Ari kitu, di mana salaki sia, manan isuk-isuk geus mawa cabe?"
Jawab anakna: "Ja keur peuting aya di jĕro karung cabe."
Cek bapana: "Ari geus, koemaha kañahoanana?"
Cek anakna: "Ngagĕrokeun ka kula."
Cek bapana: "Geus dibukakeun di jĕro karung, di mana heësna?"
Ngajawab anakna: "Jeung kula reujeung."
Teu kĕbĕl pulang minantuna ti pasar mĕntas ngajual cabe.
Ditaña ku mitohana: "Mana duitna?"
Jawabna: "Beak, dipake kabeh, pake bobogoban. Naon, bapa marah?"
Ngajawab bapana: "Hanteu, teu marah."
Cek minantuna: "Lamun marah, dijual ku kula."
Cek bapana: "Ayeuna mah meuting di pangkeng jeung pamajikan sia. Isukan, isuk-isuk, mawa karung deui ka kĕbon cabe, geusan jualeun ka pasar ngala cabe."