Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/172

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
166

keur sasaoeran djeung eta, doemadakan, toekang prang tanding teh datang; pok ngomong tjara omongan tadi teja. Ari sakabeh oerang Israil laloempatan ti hareupeunana sarta sarijeuneun katjida. Pok oerang Israil ngaromong: „Na maraneh geus nendjo eta djalma noe datang teh? Saha-saha djalma noe maehan inja, koe radja bakal dibeungharkeun, liwat saking beungharna, sarta dipaparin hidji poetrana noe istri.” Pok Dawoed nanja ka djalma noe narangtoeng deukeut: „Arek dikoemaha djalma noe maehan eta oerang Pělisti sarta njingkirkeun ijen kahinaän ti oerang Israil?” Děmi Eliab, saderek Dawoed noe pangkolotna, ngadenge eta omongan; toeloej djadi amběkeun ka Dawoed sarta ngomong: „Dek naon sija datang ka dijeu? sarta di saha ninggalkeun domba noe saeutik di těgal léga? Aing njaho di koemawani sija, sarta di kagorengan hate sija poegoeh pangdatang sija teh mambrih nongton pěrang!"

2. Ana geus kadarenge eta omongan Dawoed, seug aja noe ngoeningakeun eta ka pajoeneun Saoel; toeloej Dawoed diala. Oendjoekan Dawoed ka Saoel: „Montong aja noe leutik hate; abdi gamparan sanggěm leumpang, perang sarong eta oerang Pělisti.” Ngalahir Saoel ka Dawoed: „Maneh moal kadoega leumpang, baris perang djeung eta; karana maneh boedjang keneh, ari eta mah pradjoerit ti boeboedakna." Pioendjoek Dawoed: „Abdi gamparan hidji mangsa keur ngangon domba poen bapa; hol hidji singa djeung hidji biroewang, njokot hidji anak domba tina angonan. Seug abdi ka loewar njoesoel, sarěng domba teh dileupaskeun ti soengoetna sareng dipaehan sakali. Pangeran, noe ngaleupaskeun abdi tina singa sarēng tina biroewang teja, nja eta tinangtos ngaleupaskeun abdi tina leungeun eta oerang Pělisti.” Ngalahir Saoel ka Dawoed: „Djig bae atoeh, sarta Pangeran moegi njarěngan ka maneh.” Tidinja Dawoed koe Saoel dipakeanan koe anggoan andjeunna, sarta sirahna dibalakoetakan tambaga, djeung dipakeanan badjoe kěre. Toeloej Dawoed njoren pědangna ti loewareun papakeanana, bari seug ngadjaran leumpang. Pok Dawoed oendjoekan ka Saoel: „Abdi hanteu