Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/173

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
167

kijat leumpang make noe kijeu, karantěn abdi teu bijasa. Seug koe Dawoed ditjoetjoelan. Tidinja njokot iteukna, ditjěkěl koe leungeun, seug milih batoe rejok lima siki keur dirina tina waloengan, diaboeskeun kana wadah toekang ngangon bogana, nja eta kana kodja, sarta leungeunna ngadjingdjing bandring; bral madjoe ka eta oerang Pělisti.

3. Ana ngalijeuk oerang Pělisti teh sarta nendjo Dawoed, seg ditjoemahkeun. Pok ngomong: „Naha aing teh andjing, wět maneh datang ka aing mawa paneunggeul? Sor ka dijeu, heug daging maneh koe aing dek dibikeun ka manoek awang-awang djeung ka sasatoan galak.” Ngadjawab Dawoed ka oerang Pelisti teh: „Maneh datang ka kami mawa pēdang, toembak djeung tohok; sabalikna kami mah datang ka maneh mawa padjěněngan Pangeran sawadya balad, Allah barisan Israil, noe dihihina koe maneh teja. Poë ijeu maneh koe Pangeran tangtoe disěrahkeun