Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/73

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
67


teja; Allah, anoe ngangon kami ti barang goemělar tepi ka poë ajeuna; Malaikat anoe ngadjait kami ti saniskara katjilakaän, moegi-moegi ngaběrkahan ka ijeu baroedak, masingna pada katělah koe ngaran kami, kitoe deui koe djěněngan rama-ejang kami, sarta masingna ngarejaän, datang ka loba pisan dina boemi.” Tidinja Israil ngalahir ka Joesoep: „Ajeuna ama rek maot, tatapi Allah tangtoe njarengan ka maraneh, sarta maraneh koe andjeunna tangtoe dipoelangkeun ka tanah karoehoen maraneh.”

Děmi Joesoep langkoeng oeninga, oetama djadi poetra Jakoeb, anoe toekang ngangon, ti batan djadi poetra Joesoep, anoe djoeměněng radja anom di tanah Mesir. Ari poetrana asoep kana bangsa Mesir, seug djadi bangsa kapir, ari asoep kana bangsa Israil, seug djadi oemat Allah. Koe doemeh Joesoep diganti koe doewa anakna, meureun aja 13 kadem Israil, Katjaritakeun ka beh-dijeuna kaoem Lewi teh ditjandak koe Allah. koedoe ngawoela ke Allah dina kabah. Geus kitoe kari deui 12 kaoem, Ari Jakoeb aja kahojong dek dikoerëbkeun di tanah Kanaän, nandakeun Jakoeb sama kapërtjajaänana djeung Ibrahim, noe tadina dek ngagaleuh pakoeboeran teh.

2. Geus kitoe Jakoeb njaoer poetra-poetrana noe lalaki. Tidinja koe andjeunna ka sahidji-sahidjina dipaparin njaho ange pikapanggiheun di djaman mengke. Ana dongkap ka Joeda, kijeu lahirna: Eh Joeda! nja maneh anoe bakal diparoedji koe doeloer-doeloer maneh; leungeun maneh piajaeun dina poendoek moesoeh-moesoeh maneh, sarta anak bapa maneh bakal njarémbah ka maneh. Joeda teh ibarat anak singa. Maneh, anaking! ngadjangkoengan tina lantaran njasaäk. Teteken karadjaän moal ingkah ti Joeda, kitoe deui iteuk tjiri njëkël hoekoem tina antara soekoena, nepi ka mangsa soemping Silo; nja ka eta bangsa-bangsa měngke aranoet.(¹) Ari parantos Jakoeb wewěkasna ka poetra-poetrana, seug poepoet njawana. Toeloej Joesoep gabroeg ka pameunteu ramana, ditangisan sarta ditjijoeman. Tidinja Joesoep miwarang abdi-abdina, nja eta ka doekoen-doekoen, koedoe ngoelěsan ramana make seuseungitan. Ari ngoeroeskeunana ka andjeunna djědjég 40 poë. Sarta andjeunna ditjeungtjeurikan koe oerang Měsir 70 poë lilana. Sanggeus kitoe bral Joesoep djèngkar, sědja ngoerébkeun remana. Ari sakabeh