Kaca:Tjarios Para Nabi.pdf/85

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus divalidasi
79


deui saperti salirana. Děmi geus kitoe, saoepama hanteu pertjajaeun keneh kana tanda noe doewa teja, toeloej maneh koedoe njokot tjai bangawan, bari seg dikoetjoerkeun ka darat. Geus kitoe eta tjai pidjadieun gětih di darat.”

4. Ari pioendjoek Moesa ka Pangeran: „Noen Goesti simkoering teh lain djalma bisa ngomong, boh ti kamari, boh ti mangkoekna, boh tina mangsa andjeun ngandika ka diri abdi; saleresna simkoering teh beurat biwir, beurat letah.” Děmi timbalan Pangeran ka Moesa: „Saha teja noe ngajakeun soengoet ka manoesa, atawa saha teja noe ngadjadikeun anoe pireu, atawa noe torek, atawa noe beunta, atawa noe měrěm? Lain nja kami Pangeran? Ari ajeuna geura leumpang; kami teh tangtoe njarěngan ka biwir maneh, sarta rek ngawoeroekkeun ka maneh anoe koedoe diomongkeun.” Pioendjoekna deui: „Noen Goesti! moegi miwarang mana bae noe koe andjeun dikěrsakeun dipiwarang.” Ladjeng Pangeran djadi běndoe ka Moesa, bari nimbalan kijeu: „Naha Haroen lain doeloer maneh? Kami leuwih oeninga, jen eta teh pěrlente pisan ngomongna. Eta engke ka loewar mapagkeun maneh. Ari Haroen teh koedoe mitjatoer ka djalma-djalma ngagantian maneh, nja djadi lalambëj maneh; děmi maneh ka Haroen minangka Allah.”

Saperti përnahna Allah kana sabihji nabi, nja kitoe moedoe pernahna nabi Moesa ka Haroen. Koe Haroen bakal dipilahir anoe diilhamkeun ka andjeunna koe nabi Moesa.

5. Nimbalan deui Pangeran ka Moesa: „Maneh koedoe mopojan ka Piraon: Kijeu timbalan Pangeran: Israil teh poetra kami noe tjikal. (¹) Ari timbalan kami ka maneh: Eta poetra kami koe maneh koedoe dibere leumpang, sina ngawoela ka kami. Lamoen maneh teu daek mere eta leumpang, masing nganjabokean, anak maneh noe tjikal koe kami tangtoe dipaehkeun.” Djeung deui Pangeran nimbalan ka Haroen: „Maneh geura bral, koedoe mapagkeun Moesa ka těgal léga. Bral angkat, toeloej patěpang djeung Moesa lěbah goenoeng Allah teja; seug Moesa ditjijoem. Tidinja Moesa ladjěng angkatna saréng Haroen.