Kaca:Verhandelingen van het Bataviaasch Genotschap van Kunsten en Wetenschappen LVIII.djvu/88

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

70

Ari datang ka dasar sagara, kasampak keur njekelan laboeh djangkar Koeda Pati Langen Sari.

Ari Rangga Wajang teu daekeun mariksa, anggoer toeloej neangan endog penjoe, ki Rangga Wajang.

Katjarios noe kagoengan kapal ngadaoeh ka raina, ka Njai Sarasa Wajang : „ajeuna kakang dek noeroenan, parahoe kana naon tikaitna, mana lila teuing Rangga Wajang."

Ladjeng Pati Gangsa Wajang ka dasar sagara.

Ari kasampak keur njekelan laboeh djangkar Koeda Pati Langen Sari, mariksa Pati Gangsa Wajang : „eukeur naon silaing njekelan laboeh djangkar anoe batoer loekak lanjap djapakan silaing."

Ngawangsoel Koeda Pati Langen Sari : „bongan silaing loekak djapakan lalajaran di sagara batoer."

„Di mana sagara aja noe boga, mana heuleutna tjaletjerna sagara aja noe boga ?" saoer Pati Gangsa Wajang.

Gantjangna ger perang di dasar sagara ; saroea rosana Koeda Pati Langen Sari djeung Pati Gangsa Wajang.

Ari soemping Njai Sarasa Wajang, toeloej diseuseup pangawasana Koeda Pati Langen Sari koe Njai Sarasa Wajang, djadi kawon djoeritna Koeda Pati Langen Sari. (1)

Ari geus kitoe, soemping kila-kilana ka mega malang, ka noe geulis Njai Soemoer Bandoeng, hoedjan getih toetoemploekan mega nangnajeumeun sabeulah, sarta aja koleangkak poetih disadana : „moe teang ! moe teang !"

Barang ti dinja kadangoe koe Njai Soemoer Bandoeng, ngadjerit maratan langit, ngagoak maratan mega, barina loengsoer ti mega malang ka dasar sagara.

Ari soemping kasampak geus kawon djoeritna Koeda Pati Langen Sari, toeloej dihoedangkeun deui koe Njai Soemoer Bandoeng pangawasana.

Ana tanghi, ger deui perang.

Katingali koe Njai Sarasa Wajang, ger perang djeung Njai Soemoer Bandoeng. Nji Sarasa Wajang taloek koe Njai Soemoer Bandoeng, diasoepkeun kana pandjara beusi.

Barang ti dinja toeloej Njai Soemoer Bandoeng njampeurkeun ka rakana ; kasampak keur perang keneh. Geus kitoe, toeloej diseuseup pangawasana Pati Gangsa Wajang koe Njai Soemoer Bandoeng ; Pati Gangsa Wajang djadi kalah perangna sarta njanggakeun diri, saraoeh njanggakeun doeloer. Ngalahir Koeda Pati Langen Sari : „itoe Rangga Wajang tjeloekan, keur ngendek-ngendek bae penjoe."

(1) Hoe dit geschiedt, meldt de tekst hier voor, blz. 57.