Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/175

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

he Allah Goesti Jang Manon, njanggakeun raga djeung njawa Andjeun anoe kagoengan, ěh Ejang para: loeloehoer, koering pajoengan aoeban.

  1. Raden henteu tahan tjalik, raos asa ditiroekan, teu lila tjon njěmbah bae, moelih njoesoetan tilsotja, hidji mangsa koempoelan ti peuting rioeng-moengpoeloeng, piderekan piramann.
  2. Piiboean pada nangis, pada ngoesapan Raden koemaha bae, sangkan salamět salira, lamoen kieu pětana samar toeloes meunang tuhoen, samar bisa meunang boelan.
  3. Tadi aja anoe ngoeping, di djèro eukeur goeněmun. koempoelan noe toekang kětok, djalma ti Parakanmoentjang, kadengena saliwat, moen kapanggih di noe singkoer, geuwat pisahkeun njawana.
  4. Eta moal naon deui, maneh tangtoe noe diarah, Rade: Soerta ngawalon, poegoeh bae kitoena mah, eta moal mundjangan, no diarah oelah hiroep, nja djasad kaoela pisan.
  5. Ajeuna koela geus mikir, rek leumpang saparan-paran, nganteur Indoeng soekoe bae, sepoeh-sepoeh ngawalonan, sae lamoen rek angkat, montong djaoeh noe didjoegdjoeg, koedoe ka Limbangan heula.
  6. Rek loenta ka mana-měndi, gampang koemaha ti dinja, pomoelah koerang naros, tangtoe aju pitoeahna, ngawalon Raden Soeria sédja kaoela nja kitoe, marěk heula ka Limbangan.
  7. Moegi bae aja takdir, toeroet lampah panemisahan, tina asa balangsak teh, kalah koe tjiliwidara, moeboes ka Soedalarang, tidinja meunang pitoedoeh, jasa ngadjaběl nagara.
  8. Parempoegan enggeus gilig, piramann pliboean, koedoe peuting ieu bae, angkat ka dajeuh Limbangan, geus pada njarangoean manah tjēngeng henteu moendoer, ngambangkeun ka Noe Wisesa

8. MASKOEMAMBANG.

  1. Sěpoeh anom henteu kuelem sapeupeuting, pada sosonoan istri tatjan eureun nangis, ganti-ganti ngatoeranan.
  2. Andjeun Goesti doenoengan djoeragan koering, poma oelah weja, dl djalan koedoe tjaringtjing, bok bilih koemaha onam.
  3. Kongkorongok hajam djeung manoek rarltjit, oepama di djalma, ngadjoeroeng meudjeuhna indit, Raden geus tarapti dangian.
  4. Ladjeng djengkar doea pandakawan ngiring, sedih noe katilar, paměgět istri narangis, bari njaoer pileuleujan.
  5. Raden angkat bart nganggit-nganggit pikir, teu pěgat èněda ka noe moerba boemi langit, singgětna ka noe ngajoega.
  6. Noe diaorang koe Raden oeroetna tadl, Ejang Paněmbahan, hatanna katitih djoerit, njorang ka lemboer Samida.
    - 197 -