Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/176

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca
  1. Njorang leuweung mapaj těgal mipir-mipir, rame sasatoan, tingkotjeak tingdjarerit mileuleujankeun noe angkat.
  2. Manoek doedoet disada kawas noe tjeurik, Raden kélar manah, tjisotja moeroeboet bidjil, manah asa didoedoetan.
  3. Toenda heula noe angkat kotjapkeun deui, garwa noe ditilar. enggeus meunang warta sidik, jen tjaroge čnggeus angkat.
  4. Garwa nangis ngadjèrit maratan langit, sambat adoeh kakang, koering miloe bela pati, paeh hajang sakaloeat.
  5. Naha kakang mana ninggalkeun ka koering, koering enggeus Iklas, pisah djeung sepoeh, pribadi, sědja bela ka doeriat.
  6. Adoeh-adoeh kieu nasib diri koering, lamoen henteu bisa, diri koering panggih deui, soeka dipoepoel nja njawa.
  7. Raden Tjandranagara anoe keur nangis, keur diaroepahan, koe warga ais-pangampih, tapi djongdjon noe midangdam.
  8. Toenda heula Raden Tjandra noe keur nangis, kotjapkeun noe angkat, ka Limbangan enggeus soemping, ngadjoegdjoeg ka lěbět pisan.
  9. Kangdjeng Dalěm Limbangan anoe keur linggih, eukeur dideuheusan, waktoena asar geus ahir, dalem keur mariksa bedju.
  10. He Ki Patih kami meunang bedja angin, di dajeuh Soemědang, badjana koesoet teh teuing, sok ngadegkeun timboeroean.
  11. Timboeroean něměnan rek ngarah patl, Ki Djamoe Ki Ema. těrkana bisi ngalindih, kami mělang nanakěran.
  12. Poetra sěpoeh ngawalon soemoehoen koering, meunang wartos terang, jaktos jen diarah pati, poetra Dalem di Soemědang.
  13. Eukeur kitoe Rahaden torodjol soemping, koe Dalěm katingal, ladjeng ngaděg djeung ngalahir, barina ngahiap-hiap.
  14. Hiap Agoes diarep-arep teh teuing. tjikeneh dioepat, rehna meunang bedja angin, awak keur diarah njawa.
  15. Kandjeng Dalem ngalahir ka eusi boemi, geuwat pamasangan. tangtoe hanaang teh teulng, Raden pok amit ngoendjoengan.
  16. Ladjeng moendjoeng hatoeranna bari nangis, njanggakeun pěrtobat, djeung njanggakeun njawa diri, Dalem ka loear tjisotja.
  17. Teu ngawalon měngkěk koe bawaning watir, Raden enggeus tjéngkat, gek tjalik deukeut papatih, toengkoel njoesoetan tjlsotja.
  18. Raden Patih oengsrak-ingsreuk miloe nangis, kira satengah djam, repeh taja noe ngalahir, pinoeh keneh koe tjisotja.
  19. Sanggeus lilir Kangdjeng Dalěm pok ngalahir, geura barangdahar eta tjai bisi tiis, da Agoes meureun hanaang.
  20. Sanggeus Raden ngaleueut Dalèm ngalahir, koemaha pětana, bedjana diarah pati, tjoba geura tjatjarita.
  21. Raden njěmbah hatoeran tina mimiti, datang ka tjatjapma, Bakoеmaha noe geus djadi, kasorang koe salirana.
  22. Di palebah eukeur dioedag dl Litjin, Dalem moenggah tjengkat, sarta barina ngalahir, bo eta mah badag pisan.
    - 198 -