Kaca:Volksalmanak Soenda 1921.pdf/177

Ti Wikipabukon
Ieu kaca geus diuji baca

240. Kadjeun ..... ge mo boeroeng panggih, wawalěsing Allah, Agoes masing asrah diri, ka Goesti Anoe Wisesa.

241. Ajeuna mah di dieu heulaan tjitjing, ngareureuhkeun palaj, bari oerang mikin2 , mitjeun halangan haroengan.

242. Panonpoë soeroep kaganti koe peuting, Raden geus mérěnah, katjarios oenggal peuting, di Lěbět sok ririoengan.

243. Di Limbangan meunang gĕnĕp toedjoeh peuting, peutingan rek tjengkar, koempoelan ais-pangampih, piderekan piramaän.

244. Ti pasantren kiai2 soemping, sědjana ngalajad, sarehna ngaroeping warti, jen poetra Soemědang kendang.

245. Kangdjěng Dalěm ngadawoehan ka kiai, bantoean ngadoa soepaja maksoedna hasil, ieu Ki Soerjanagara.

246. Ngawalonan sadaja para kiai, matoer iasja Allah, sĕdja njamboeng koe pamoedji, moega laksana nja kĕrsa.

247. Kangdjěng Dalěm ti dinja ngalahir deui, běněr maksoed awak, djeung ama rěmpoeg teh teuing, hade ka Tjiandjoer tea.

248. Dalěm Tjandjoer anoe loma ka Batawi, reh djaman ajeuna, koedoe kanti djeung koempĕni, eta anoe moerba Djawa.

249. Raděn Soerja ngawalon lĕrĕs teh teuing, sadawoeh gamparan, teu aja anoe dipoendi, kadjawi hibar gamparan.

250. Sad kaoela manawi aja paidin, rek moendjoeng ajeuna, sědja indit peuting-peuting kabeurangnakeun sok hoedjan.

251. Lahir Dalěm ěnja koedoe peuting-peuting, heh ieu loemajan, di djalan keur meuli kopi, Rahaden Anom tjong njěmbah.

SINOM.

252. Sěrta panganggo Ioengsoeran, Koe Dalěm geus dipaparin, pek Raden Soerja ngoendjoengan, njioem dampal bari nangis, Kangdjěng ge nangis deui, barina něpakan poengkoer, teu pěgat sasaoeran, ěh Agoes masing prihatin, didoe'akeun sing bisa ngajoenkeun awak.

253. Kiai geus ngaroendjoengan, ladjěng bae Raden moelih, moelih soteh ka pondokna, sabab rek djĕngkar djanari, soepaja tereh něpi noe didjoegdjoeg ka Tjiandjoer, toenda heula sakĕdap, malikan ka ­poengkoer deui, Kangdjěng Dalěm Soemědang geus meunang warta.

254. Jen Raden Soerjanagara, di Soemědang ěnggeus sëpi, bedjâ aja di Limbangan, ti dinja rek loenta deui, bedjana ěnggeus jakin noe dimaksoed ka Tjiandjoer, ladjěng Dalěm nimbalan, ngalahim adi noe soeni, miwarangan měgat di geusan ngaliwat.

255. Piwarangan ěnggeus mangkat, ka leuweung Nagreg geus něpi. pondokna kalereun djalan, di sisi wahangan tjai, diatoer siligěnti, naek kana kai loehoer, nendjo ngidoel djeung ngetan, lain nendjo sapi moending, nendjo bisi Rahaden Soerja ngahwat.

256. Raden geus deulkeut ka dinja, djalma toeroen tina kai, geus bebedja ka batoerna, djalma salapan tjaringtjing, njalindoeng dina

- 199 -